Stasiun Kareta Api Buitenzorg Make Arsitektur Corak Eropa, Ayeuna Kaendahanana Meh Leungit

- 3 Februari 2023, 09:30 WIB
Wangunan stasion Bogor, arsitekturna corak Eropa (Foto: heritage.kai.id)
Wangunan stasion Bogor, arsitekturna corak Eropa (Foto: heritage.kai.id) /

Corak arsitektur wangunan stasion Bogor,  katangen masih asli. Nya kitu deui kusen panto jeung jandela, masih utuh mintonkeun arsitektur corak nu heubeul.

Kabeh stasion kareta api nu diwangun ku Walanda, arsitekturna corak Eropa, saperti Stasion Tugu Yogyakarta, Stasion Tanjung Priok jeung Stasion Jakarta Kota, bangunanna teu leupas tina arsitektur ornamen Eropa.

Kantor stasion nu laleutik di wewengkon Semarang jeung Solo, saperti Stasion Kedung Jati, Salem, Gundih, Sumberlawang, arsitektur wangunanna nembongkeun nilai seni nu kawilang endah.

Payus pisan sawatara stasion kareta nu bieu ditataan teh  dijadikeun obyek wisata nu tangtu bakal mincut wisatawan mancanagara. 

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

Kiwari, kaendahan sabudeureun stasion Bogor teh geus meh leungit. Wangunan stasion teh ayeuna mah dikubeng ku dug-bdegna pangwangunan puseur balanja.

Padahal tadina di hareupeun kantor stasion Bogor aya lapang nu ngahiji jeung buruan. Lapang nu dingaranan Wilhemina Park teh, baheula kajojo tempat ngadaweungna para gegeden Belanda.

Stasiun Bogor geus dijadikeun  Cagar Budaya dumasar SK Menbudpar No: PM. 26/PW.007/MKP/2007, tanggal 26 Maret 2007.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x