Sri Baduga Maharaja Mindahkeun Puseur Karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran, Sangkan Maritimna Kuat

18 Maret 2023, 11:00 WIB
Padroa, prasasti hubungan bilateral Karajaan Sunda jeung Portugis tepi ka Demak hareudangeun. Sri Baduga mindahkeun puseur karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran pikeun nguatkeun maritim. /Nanang S/Foto: Museum Nasional Jakarta.

 

GALURA -Sabada ngahijikeun Sunda jeung Galuh, Jayadewata nu gelarna Sri Baduga Maharaja mindahkeun puseur dayeuh karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran. Sri Baduga Maharaja hayang leuwih merhatikeun maritim. Karajaanana nu agraris rek dikuatkeun ku maritim.

Najan puseurna masih di Kawali, palabuan Sundakalapa tetep mekar jadi palabuan badag jeung penting, lantaran aya nu ngokolakeunana. Sri Baduga Maharaja mindahkeun puseur karajaanana ka Pakuan Pajajaran keur sangkan leuwih dari dina mekarkeun kakuatan maritim.

Sanggeus puseur dayeuh karajaanana di Pakuan Pajajaran henteu di Kawali, Sri Baduga Maharaja dua kali ngirimkeun seuweuna, Surawisesa nepungan Portugis di Malaka. Sri Baduga hayang ngajalin hubungan bilateral jeung Portugis dina maritim jeung kaamanan.

Baca Juga: Sundakalapa Palabuan Penting ti Jaman Tarumanagara tepi ka Jaman Pajajaran

Portugis ngawasa Malaka taun 1511 Masehi. Malaka dipake pamiangan ku Portugis keur lalanto ka Asia Tenggara jeung ka Asia Timur.

Mandang palabuan Sundakalapa teh penting pisan keur perdagangan internasional, taun 1522 Gubernur Alfonso d'Albuquerque nu dumuk di Malaka ngutus Henrique Leme nedunan undangan Sri Baduga Maharaja.

Tanggal 21 Agustus 1522 dintandatangan kasapukan antara Pajajaran jeung Portugis. Portugis rek ngabangun loji (kantor, paimahan nu di jero benteng) di palabuan Sundakalapa.

Minangka timbal balikna Portugis ngirim barang-barang nu diperlukan ku Pajajaran. Sri Baduga Maharaja oge ngirim sahang lobana 1.000 karanjan.

Baca Juga: Angklung  Buhun Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran

Prarasasti tina batu ngahaja dijieun keur tanda atawa pangeling ieu kasapukan, dingaranan Padrao.

Aya nu nyebutkeun nu dimaksud layang salaka domas dina carita Pantun Mundinglaya Dikusumah teh taya lian Padrao.

Padrao kungsi leungit tapi taun 1918 kapanggih, di juru Prinsenstraat (Jalan Cengkeh) jeung Groenestraat (Jalan Nelayan Timur) Jakarta.

Demak hareudang

Karajaan Demak nganggap kasapukan Sunda-Portugal ancaman jeung provokasi. Ancaman keur karajaan-karajaan sejenna lantaran Portugal teh hayang ngawasa Pulo Jawa.

Demak nu hayang ngawasa palabuan penting nu strategis keur perdagangan katut kaamanan, ngiangkeun armada kapalnya nu geus dilengkepan ku marieum pikeun ngarebut Sundakalapa.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Pasukanana dipingpin ku Fatahillah atawa Peletahan (Fadillah Khan). Kasultanan Cirebon oge ngabantuan, hususna pasukan darat. Ti Kuningan, dikirim senopati jeung prajurit kavaleri, ahli perang bari tumpak kuda.

Pajajaran harita dirajaan ku Surawisesa, nu dina carita pantun ngaranna Mundinglaya Dikusumah. Waktu Sundakalapa diserang pasukan Demak jeung Cirebon, Pajajaran karek nyenghap tina perang.

Dina Carita Parahayangan, disebutkeun Surawisesa teh ngalaman welasan kali perang. Anu diperanganana daerah-daerah bawahan Pajajaran.

Sajarawan, Saleh Dana Sasmita nyebutkeun urang daerah teu panujueun diangkatna Surawisesa jadi raja di Pajajaran lantaran aya nu leuwih hak jadi Pajajaran: Sunten Jaya.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Ku sabab remen teuing perang jeung raja-raja daerah teu ngabantuan, pasukan Pajajaran teu sanggupeun nadah panarajang armada Demak jeung Cirebon nu tina kapal-kapalna nembakkeun marieum.

Ku urang Pajajaran, mariem teh disebut aji guntur geni, pedah waktu ditembakeun sorana ngageleger jeung ragragna ngaluarkeun seuneu.

Tanggal 22 Juni 1527, pasukan gabungan Demak-Cirebon mampu ngalindih Palabuahan Sundakelapa. Tanggal 22 Juni saterusna dijadikeun titimangsa milangkala Kota Jakarta.

Ngaran Sundakelapa diganti jadi Jayakarta. Jayakarta tina basa Sansakerta, jayakrta nu hartina kaunggulan atawa kajayaan hasil tina usaha atawa tarekah.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler