Layon Obong Pantun Sunda ti Aki Danu Parakansalak, Medar Tilarna Subanglarang

17 Maret 2023, 13:00 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, seuweu Subanglarang. Ari Subanglarang bojona Jaya Dewata. Dina Layon Obong pantun Sunda dipedar tilarna Subanglarang di Pakuan Pajajaran. /Nanang S/Galura

GALURA -Eta pantun Sunda teh asalna ti Parakansalak Pasirkuda Cibadak Sukabumi, nu mimiti nepikeunana Aki Danu. Eusina, dina jejer Layon Obong, nyaritakeun soal Pakuan Pajajaran ngan museur ka Subanglarang bojo kadua Jaya Dewata.

Layon Obong pantun Sunda ti Parakansalak nu didadarkeun ku Aki Danu nyaritakeun ngeunaan palastrana Subanglarang, bojo Jayadewata siwi Ki Gedeng Tapa, di Balé Agung, karaton Pakuan Pajajaran. Bale Agung kiwari jadi ngaran lembur: Cibalagung. Di Cibalagung aya prasasti Batu Tapak.

Dina Layon Obong pantun Sunda ti Parakansalak sakumaha dicaritakeun ku Aki Danu tilarna Subanglarang ngageunjleungkeun Pakuan Pajajaran. Ieu putri Ki Gedeng Tapa, pamingpin nagri Singapura, daérah basisir kalér, lain ukur dipikaasih ku Jaya Dewata tapi oge ku urang karaton jeung ku rayat Pakuan Pajajaran.

Baca Juga: Ngabuburit Literasi di Gada Membaca, Rencanana Dibuka ku Bunda Literasi Ciamis

Di Balé Agung, ceuk sakaol Subanglarang ngadeg pasantrén, nyebarkeun agama Islam ka urang Pajajaran boh ka somahan (rayat biasa) boh ka urang karaton.

Layon Obong nétélakeun urang Pakuan Pajajaran nungtutan arasup agama Islam. Ku sabab hadé rupana jeung soméah, Subanglarang dipikacinta ku urang Pajajaran.

Ceuk béja, Subanglarang téh diracun ku Kentring Manik Mayang Sunda, seuweu Susuktunggal nu dijadikeun bojo katilu ku Jaya Dewata. Kentring Manik sieuneun éléh komara ku Subanglarang.

Prabu Anon Susuk Tunggal, masih kénéh Prabu Anom lantaran Prabu Niskala Wastukancana masih kénéh jadi raja Sunda nu puseur dayeuhna di Kawali Ciamis, nitah sangkan layon Subanglarang dibawa ka karaton.

Baca Juga: Revitalisasi Harti Peribahasa Sunda, jeung Conto Ngagunakeunana dina Kalimat

Cenah mah, waktu dibawa ka karaton, balaréa pahayang-hayang ngagotong layon Subanglarang.

Ti Balé Agung tepi ka karaton Pakuan Pajajaran nu mangku layon Subanglarang silihsambung lantaran teu sirikna diparebutkeun. Lian ti kitu sapanjang jalan teu weléh ngahiliwir seungit, ngadalingding.

Luyu jeung adat jaman harita, layon Subanglarang najan ngagem agama Islam, tadina rék diduruk (diobong), lebuna terus dikurebkeun bari méméhna diwadahan heula. Ngan henteu tulus

Béja tilarna Subanglarang tepi ka Ki Gedeng Tapa di nagri Singapura. Nimbang Subanglarang téh ngagem Islam, gancang Ki Geneng Tapa ngirim utusan sangkan mawa layon siwina.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Utusan Ki Gedeng Tapa diluluguan ku Ki Danuséla, adina Ki Danuwarsih. Anu ngabaturanana, Danu Wangsa diiring ku Kertawangsa, Kertiwangsih jeung Nitiwangsa.

Ku Jaya Dewata diidinan, kitu deui ku Prabu Anom Susuk Tunggal. Layon Subanglarang dibawa ka Singapura. Dina pantun Sunda ti Parakansalak, Subanglarang disebutkeun dikurebkeun di Teluk Agung.

Teluk Agung pernahna di Amparan Ki Alif nu ayeuna ngaranna robah jadi Babakan Ki Alif, bawahan Désa Nanggerang, Kecamatan Binong, Kabupatén Subang.

Tina sababaraha sumber di Bogor, Kawali jeung di Cirebon, boh tina sejarah lisan, babad, boh tina Naskah Wangsakerta, bapana Ki Gedeng Tapa teh seuweuna Prabu Wastukancana ti Mayangsari.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Mayangsari taya lain ti siwina Bunisora, pamanna Prabu Wastukancana. Seuweu Prabu Wastukanacana nu sejenna: Ki Gedéng Kasih; ari nu cikal: Déwa Niskala.

Ki Gedeng Kasih jeung Ki Gedeng Tapa diparéntah sina ngababakan di wewengkon basisir kalér, sarta saterusna jadi pamingpin di éta wewengkon.

Déwa Niskala mah teu sina lunta di Karaton Surawisésa di Kawali. Ku sabab anak cikal tur lalaki, Déwa Niskala digadangkeun bakal ngaganti Prabu Wastukancana.

Ki Gedéng Kasih nu jadi pamingpin di Sindangkasih boga seuweu Nyi Ambet Kasih nu dipibojo ku Jayadéwata. Ari Ki Gedeng Tapa boga seuweu Subanglarang nu sarua dipibojo ku Jayadéwata.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Nyi Ambet Kasih mah teu kacatur milu ka Jayadéwata ka Pakuan Pajajaran waktu kawin deui ka Nyi Kentring Manik Mayang Sunda.

Subanglarang dumukna di Pakuan Pajajaran, alatan dibawa ku Jaya Dewata. Di Pakuan Pajajaran, ku sabab Susuk Tunggal teu boga anak cikal lalaki, Jaya Dewata jadi putra mahkota, nu bakal ngaganti mitohana.

Subanglarang diperenahkeun di Balé Agung, di luareun karaton Pakuan Pajajaran, jadi henteu sasuhunan jeung Nyi Kentring Manik Mayang Sunda.

Tilarna Subanglarang samemeh, Jaya Dewata jeneng raja di Galuh jeung di Sunda. Jaya Dewata nu ti eta dua karajaan jadi putra mahkota, ngahijikeun Sunda jeung Galuh sarta mindahkeun puseur karajaanana ti Kawali ka Pakuan Pajajaran.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler