Pangndaran Ayeuna Kota Pangjujugan Wisatawan

- 8 Januari 2024, 20:00 WIB
Pangandaran jadi pangjugjugan wisatawan
Pangandaran jadi pangjugjugan wisatawan /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Tepi ka taun 2000-an, kamajuan Pangandaran masih kénéh teu pati mesat. Harita, lamun Galura momotoran di sapanjang basisir kulon, kosong molongpong euweuh nanaon kajaba bacacarna tangkal pandan, enclo-encloan di sapanjang basisir. Leuwihna ti kitu ukur jujukutan jeung eurihatawa saliara.

Beuki ngulon beuki tiiseun euweuh imah, ari lain sasaungan nu dijieun ku urang dinya paranti ngiuhan mah. Jalan anu ti Pananjung jauhna paling 2 kilometer téh, di Cikembulan méngkol ngatuhu, geus kitu kaluar muru jalan utama Pangandaran-Cijulang. Ayeuna mah geus jauh bédana. Jalan keur kapentingan wisata butbat ka ditu ka dieu.

Turis nu ti Basisir Pananjung hayang ka Batuhiu, bisa teu kudu ngaliwat ka jalan utama, sabab ti Cikembulan bangblas ka kulon mapay-mapay laut. Ti palebah Astana Buda, anu lamun peuting bareto mah tiiseun jeung pikasieuneun sabab loba ririwa, ayeuna mah di sapanjang basisir bacacar réstoran méwah.

Baca Juga: Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

Lamun peuting komo poé peré, tepi ka janari mah gandéng ku sora musik sabab di saban réstoran sisi laut ngagembrung musik boh musik live boh tina rékaman. Rumah makan jeung hotél méwah ngajajar ti mimiti Cagar Alam Pananjung kénéh, bangblas ngajajar tepi ka Cikembulan. Tambah deui dibangun alun-alun.

Pangandaran geus jadi kota wisata anu jadi pangjugjugan jalma ti mana-mendi. Ceuk Sukmara urang Parigi, tepika taun 2000-an mah posisi jeung status Pangandaran téh kakara disebut “sasaran antara”, acan jadi sasaran utama. Contona, turis téh ngaheulakeun muru Bali atawa Jogja heula. Ké balikna mun duit masih sésa, nya kakara nyimpang ka Pangandaran.

Obyék wisata anu harita diunggulkeun ogé kakara basisir  Pangandaran jeung Batuhiu. Batukaras acan dipiwanoh, komo Cukangtaneuh (Grenn Canyon) mah. Harita, sawaktu Pangandaran masih kénéh kaéréh ka Kabupatén Ciamis, masarakatna loba nu ngangluh sabab Pangandaran hésé maju, padahal objék wisatana sakitu geulisna.

“Da basisir di Pangandaran jauh langkung saé ti batan Sanur di Bali,” ceuk Sukmara deui. Nu ngalantarankeun Pangandaran hésé maju téh sabab masyarakat Pangandaran loba kasengker jeung teu bisa sakama-kama dina ngamajukeun daérahna utamana dina widang wisata. Sabada misahkeun manéh ti Ciamis, ti taun 2012, Pangandaran mimiti menyat.  

Baca Juga: Resto Kampoeng Banyumili, Kampung Rasa Sunda di Tanah Jawa

“Jeung kanyahoan pan, ukur sababaraha dékade ti taun 2012, kamajuan Pangandaran dina widang wisata ajénna geus lipet tikel ti jaman masih nginduk ka Ciamis,” ceuk Sukmara. Ngan tangtu wae eta mah ukur sawangan masarakat wungkul, sabab basa keur ngahiji keneh jeung Ciamis, Pangandaran teh saenyana mah dipentingkeun pisan.

Bisa jadi sarana hotél di Pangandaran ayeuna geus rébuan, paling loba ayana di Pananjung. Hotél bintang baé di Pangandaran aya 225, saéngan kékép pikeun meunangkeun konsumén. Tapi di wilayah satelitna saperti di  Karangnini, Karangtirta, Batuhiu, Batukaras jeung sajabana loba nataku, tinggal milih.

Jang mikat turis anu kasengsrem ku Bali, ayeuna renung hotél jeung réstoran anu mirip-mirip Bali. Turis asing gé geus loba anu kabongroy milih Balina Pangandaran, batan langsung muru Bali. “Arsitéktur bangunan wisata mah geus loba anu mirip Bali. Anu can katurutan mah nyaéta wisata budaya,” ceuk Sugandi urang Batuhiu.

Lamun Bali geus bisa ngadagangkeun seni-budaya, Pangandaran mah can bisa. “Ngadagangkeun Ronggéng Gunung gé can bisa,” pokna. Pon kitu deui cenah, lamun Jogja bisa ngadagangkeun wisata sajarah, Pangandaran mah can bisa. Ceuk Sugandi, Pangandaran can metu ngadagangkeun sajarah nu aya di Pangandaran. “Padahal pan teu kurang munelna,” pokna.

Baca Juga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

Ceuk Sugandi, sabenerna kacida butuhna seniman jeung sajarawan anu bisa mapaésan pakaya wisata Pangandaran téh. “Nya kétah gumantung kumaha ketak anu baroga kawijakan di Pangandaran wé,” ceuk Sugandi bari nyontona, kumaha majuna bisnis seni budaya kaasup sajarah di objék wisata séjén nu  aya di wilayah séjén.

Basa Sugandi piknik ka Bali, cenah manéhna can kungsi ngadéngé gamelan Bali. “Di Palabuan Gilimanuk gé nu kadéngé téh kalah lagu Sunda nu Darso,” cenah seuri. Ari pék cenah gamelan Bali teu bisa dibandungan di jalan pasampangan. “Kajaba urang lalajo di galeri panggung kasenian, tur tikétna awis,” ceuk Sugandi.

Pangandaran ka hareupna bakal beuki loba dijugjug wisatawan saupama jalan tol Cigatas (Cileunyi-Garut-Tasikmalaya), malah bakal nyambung ka Cilacap via Kalipucang geus réngsé, sabab ka Pangandaran bakal beuki gancang. Béjana ti Bandung ukur perlu 2 tepi ka 3 jam (kaluar tol Kalipucang).

Urang Pangandaran gé teu weléh nineung ku jalan karéta api Banjar-Cijulang. Cenah lamun karéta dibuka deui tur dipaké angkutan wisata, jumlah turis anu ka Pangandaran bakal beuki undak deui. Ngan duka iraha ku pamarentah dibuka deui. tepi ka ayeuna tacan hawar-hawar acan bule hideungna.

Andar-andar

Bisa kirata bisa enyaan. Cenah Pangandaran téh asal kecap tina pangan jeung andar. Ditarjamahkeun hartina andar-andar anu néangan pangan. Ieu téh ku sabab tadina, tina wiayah kosong, jadi pangjugjugan jalma anu néangan pangupa jiwa. Pangupajiwana bisa jaradi pamayang, tapi bisa muka lahan pertanian sabab wilayah Pangandaran tanahna subur.

Baca Juga: Bulan Mulud, Gapura Utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis Ditutup

Anu pangheulana bubuara mah nya urang Sunda Galuh, nuturkeun anak Raja Galuh anu hayang ngadegkeun karajaan di Pananjung (nya ngadeg Karajaan Pananjung dina abad ka-14).  Ku sabab beuki dieu karajaan beuki bisa ngajagumakeun rayat, atuh ti mana-mendi juljol padumuk anyar, ngadon balubbuara.

Ku sabab Cilacap kaasup wilayah anu deukeut, saampar samak jeung Pangandaran, atuh urang Cilacap ogé loba anu bubuara ka Karajaan Pananjung. Eukeur mah deuih da Cilacap katut Banyumas sagemblengna baheula mah kaéréh ka Galuh. Cacaritana ogé masih kénéh ngagunakeun basa Sunda Galuh harita téh.

Tapi sabada Karajaan Pananjung tumpur, sabada jaman Mataram muncul, sabada urang Galuh di Banyumas ngagunakeun basa Jawa, nya nu bubuara ti Cilacap béh dieuna, basana jadi basa Jawa. “Sanaos kana basa Sunda gé aparaleun. Dina harti séjén, urang Cilacap nu bubuara ka Pangandaran, seueur anu ngartos kana basa Sunda,” ceuk Sugandi.

Mimiti muncul, acan disebut Pangandaran, paling gé Désa Pananjung, nuturkeun ngaran urut Karajaan Pananjung. Ngabentuk Désa Pananjung téh sabada Belanda muka leuweung jang cagar alam, dieusian ku banténg jeung mencek. Taun 1934 leuweung anu aya di jojontor Pananjung dijadikeun cagar alam.

Baca Juga: Kawah Putih Gunung Patuha Ciwidey Bandung, Karajaan Jin, Pabrik Walirang tepi ka Jadi Objek Wisata

Taun 1978 kakara Pananjung sacara resmi dijadi objék wisata.  Basa Galura nyaba ka Pangandaran taun 1963, sanajan can resmi jadi objék wisata, tapi da anu piknik mah geus aya.  Pédah henteu renung hotél jiga ayeuna, listrik gé can aya. Paling hotel hiji-hijina ukur Hotél Pananjung, paragi kalangan pangagung ngahenang-ngahening.

Ari masarakat umum mah lamun hayang mondok téh nya nyéwa imah warga anu masih kénéh dijieun tina imah panggung bilik ukur dicaangan ku damar. Da litsri mah tacan aya, tacan tepi ka Pananjung. Minangka éta imah bisa diséwa, mun peuting nu boga imah  ngahurungkeun oncor di pakarangan.

Hiji-hijina angkutan anu disebut genah téh karéta api jurusan Banjar-Cijulang. Nu disebut genah téh sabab tumpak karéta api mah ngageleser, béda jeung tumpak mobil anu jalanna lalegok kurang aspal. Taun-taun harita ari beus jurusan Banjar-Cijulang mah geus aya. Ngan édas tong boroning hayang ka Cijulang, dalah ka Pangandaran baé, ti Banjar téh bisa méakeun waktu 5 tepi ka 7 jam.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x