Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

- 12 Februari 2023, 16:30 WIB
De Castello di Subang, nu bogana Dewi Persik/YouTube
De Castello di Subang, nu bogana Dewi Persik/YouTube /

GALURA - Bet inget ka Dewi Persik, enya, kitu pisan nalika ulin ka tempat wisata De Castello di Subang teh.

Tapi ketang munasabah mun ulin ka De Castello inget ka Dewi Persik teh. Enya, apanan nu bogana teh manehna.

Sakumaha anu pada apal, Dewi Persik teh lain wae artis dangdut kajojo, kaayeunakeun manehna oge ancrub kana widang usaha.

Baca Juga: Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Manehna antarana wae ancrub kana bisnis panginepan di Puncak Bogor, jeung bisnis herbal merek kajojo.

Usaha sejenna, nyaeta wahana wisata.

Salahsahijina De Castello nu wangunanna mirupa kastil kalawan dipulas warna-warni, nu cek sakaol mah wangunanna teh aya dina dongeng "dunia peri". Ieu tempat wisata, diresmikeun taun 2021.

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

Tempat wisata buatan De Castello teh perenahna di Jalan Palasari Dua - Babakan Gunung No 16 Ciater, Kacamatan Ciater, Subang, Jawa Barat.

Alatan perenahna di wewengkon perkebunan atuh hawa di De Castello jeung sabudeureunana liuh jeung seger naker.

De Castello diwengku ku sawatara wangunan nu jarangkung kawas rek nembus ka langit. Lian ti eta, oge aya jembatan nu panjang 200 meter nu bisa dipake fofotoan ku nu ngadon piknik.

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Anapon nu aya di jerona, antarana wae taman bunga nu endah, resto, tempat ulin, jeung sajabana.

Upama ditilik tina jihat karcis, asup ka De Castello kaasup mahal, nyaeta Rp 40.000 dina poe biasa, jeung Rp 50.0000 dina poe pere (Saptu, Minggu jeung pere nasional).

Ngan najan kitu, nu daratan ka ieu tempat wisata teu sirikna ngabrul unggal poe, angot dina poe pere mah.

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

Eta hal upamana katingali tina YouTube Traveller Takut Gosong tayang 3 Mei 2022. Dina postinganna, katembong nu daratang ka De Castello kuat ka pajejel.

Eta teh kaasup basa Galura ngahaja ulin dina hiji waktu, sawatara bulan ka tukang.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x