Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!

- 14 Januari 2023, 13:25 WIB
Pusat goong di Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang/YouTube Ola TV
Pusat goong di Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang/YouTube Ola TV /

SUBANG, GALURA - Munasabah mun Dusun Cigoong Desa Karanghegar Kacamatan Pabuaran, Subang, katelah puseur goong di Jawa Barat teh.

Enya, lantaran karerean wargana, lalakina, kasabna kana nyieunan goong.

“Kitu da kanyataanna oge, Kang. Urang dieu, seuseurna usaha kana ngadamelan goong,” cek Sahidi, hiji pangrajin ka Galura, dina hiji waktu.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Basa ditepungan, Sahidi jeung anakna keur anteng ngararata beusi urut dreum jeung bahan sejenna, pikeun dibentuk jadi goong, di teras imahna.

Leungeun Sahidi teu lesot ti palu, sedengkeun anakna, Jajang, pageuh nyekel alat paranti ngelas.

Di tepas imahna, tembong, goong nu geus anggeus, ngentep. Goongna rupa-rupa. Aya nu ukuran leutik, aya oge nu ukuran gede.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

“Urang dieu, sapertosna moal tiasa ninggalkeun kasab kana ngadamelan goong, Kang. Urang dieu baris tumut kana amanat ti luluhur yen ngadamelan goong kedah janten kasab. Kaleresan, regenerasina sae. Nonomanna di dieu katajieun janten tuturus,” cek Sahidi deui bari anteng ngararata plat.

Amanat luluhur? “Muhun,” jawabna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Liputan


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x