Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

- 17 Januari 2023, 11:40 WIB
Kuliner igar bakar di Bogor/Instagram @visitbogor
Kuliner igar bakar di Bogor/Instagram @visitbogor /

GALURA - Mun pareng ka Bogor, boh urusan gawe sumawonna wisata, piknik healing, poma ulah teu laha-loho ka pusat jajanan atawa kuliner.

Lebar mun henteu ulin ka tempat kuliner teh.

Enya, sabab di Bogor nu katelah Kota Hujan, rea pisan kuliner. Meh di unggal di tempat nyampak.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Pusat jajanan atawa kuliner di Bogor teh, aya nu mahal, sedeng, aya oge nu haregana murah luyu jeung pesak tapi rasana tetep matak deudeuieun.

Dua antarana, dicatet dina artikel ieu; jeung direkomendasikeun pikeun dijugjug mun pareng ka Bogor.

1. Iga Bakar Lokalaku

Dadasar di Jalan Pajajaran Indah V Bogor, ieu iga bakar teh beda ti nu sejen.

Baca Juga: Sunan Margataka Prajurit Pinilih Pajajaran Jadi Santri di Gunung Jati Cirebon

Mun di tempat sejen, igana dibakar atawa dibeuleum cara dina pameuleuman sate. Di dieu mah beda. Dibeuleumna dina coet atawa cobek.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x