Daging igana hipu lain bobohongan. Cek nu bohong mah, nu ompong ge bisa nyapek daging igana (da make huntu palsu, hehe) awhing ku hipu.
Mingkin geunah rasana, sabab diwuwuh ku bungbu spesial nu dirahasiakeun.
Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu
Kaharti kituna mah. Sabag daging igana dibeuleum disakaliguskeun jeung bungbu rempah cara cabe, bawang, jeung rea-rea deui, terus dibaluran ku saos spesial tea.
Pokona mah, cenah. "tasty" jeung "smokey" we.
Haregna saporsi memang rada mahal, leuwih to 35 rebuna. Tapi teu panasaran, sabab rasana memang "tasty" jeung "smokey".
Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia
2. Baso Naga
Nurutkeun katerangan, ieu baso teh kaasup legend di Bogor. Pangna kitu, sabab basona geus aya di tahun taun 90-an keneh.