H. Uya Mulyana: Anggota Dewan Ngawadahan Aspirasi Warga Ulah Kapahung ku Widang Komisi

- 17 Januari 2023, 10:30 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana /

GALURA -Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulayana ngaku, minangka anggota dewan dirina kudu narima jeung ngawadahan sakumna aspirasi warga.

Naon waé éta aspirasi nu ditepikeun ku warga, sanajan lain widang komisi cepenganana, ceuk H. Uya, kudu ditarima sarta kudu ditepikeun jeung direngsekeun.

"Umpamana waé simkuring ayeuna di Komisi D nu widangna dina masalah sisoal jeung atikan. Salasahiji mitra kerja Komisi D teh Dinas Sosial,” pokna.

Baca Juga: Anggaran SKTM Teu Puguh Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Bandung Komunikasi Antar OPD Teu Hade

Tapi tetep mun aya warga nepikeun aspirasi ngeunaan pangladén KTP kudu ditarima, najan éta widang Komisi A nu kungsi dicangkin simkuring saméméh ayeuna di Komisi D, " ceuk Uya di Soreang, Salasa (17/01/ 2023).

Ieu anggota DPRD ti Fraksi PKB nandeskeun, cohagna, anggota dewan ulah kapahung ku widang komisi nu dicangkingna.

“Sabab warga mah can tangtu nyaho. Dewan téh wakil rayat nu bisa dipinangsaraan dina widang naon waé,” pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x