Selfie jeung Ningali Pamandangan Endah ka Jauhna ti Sasak Cincin, Jatinangor, Sumedang

18 Februari 2023, 15:30 WIB
Ti sasak atawa jembatan Cincin bisa ningali pamandangan ka jauhna/Galura/Aam PS /

GALURA - Rea nu nyebutkeun yen sasak atawa jambatan Cincin di Jatinangor, Sumedang, Jawa Barat teh sanget jeung horor.

Nu kawenehan, cenah, kungsi aya nu ningali wanoja make baju beureum bari cerik ngabangingik. Mun henteu kitu, sok ngadangu sora orok ear-earean kawas nu ditinggalkeun ku indungna, jeung rea-rea deui.

Naha enya?

Baca Juga: Cek Beja, Sasak Cincin Jatinangor, Sumedang, Horor, Naha Enya?

Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

Baca Juga: Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

Walohualam bisawab. Ngan nu jelas, sakumaha anu kasaksian ku Galura, jembatan Cincin teh teu sanget jeung horor sakumaha carita nu nyebar ka jauhna.

"Muhun da teu sanget teu sing, Kang," cek Nandi, hiji tukang dagang baso nu nu pareng keur istirahat di luhureun sasak, bari ningali nu keur ngureuk di handapeun sasak.

Ka Galua Nandi nyebutkeun, manehna meh unggal poe ngaliwat ka eta sasak mun rek dagang baso tahu ka wewengkon Cileles.

Baca Juga: Saban Taun Produksi Perikanan di Kabupaten Bandung ngaronjat, Bupati Umajak ka Patani Lauk Terus Rancage

Cenah, manehna sok ngahaja tara nananggung dagangan make jalur jalan raya, tapi mapay jalan pilemburan ti Jatinangor jeung ngaliwatan sasak Cincin.

Tah mun pareng cape jeung keur linduk, sok ngahaja diuk heula dina sasak bari ningali ka jauhna ka Gunung Manglayang jeung Gunung Geulis, atawa ningali nu keur ngareuk di sawah di handapeun sasak.

"Tah pami horor mah, abdi moal mantun kikieuan," cenah.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Ku kabeneran, nalika Galura laha-loho ka sasak Cincin Saptu 16 Pebruari 2023, aya saabrulan rumaja (katingalina mah mahasiswa) datang.

Daratangna ka sasak Cincin, taya deui pikeun popotoan, selfie atawa nyieun video pondok (duka keur YouTube duka keur TikTok) bari saruka bungah.

"Indah ya, pemandangannya?" cek hiji rumaja ka baturna ku basa Indonesia.

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

"Iya, makanya kalian aku bawa ki sini," cek rumaja nu hiji deui.

Da jeung enyana, ti sasak Cincin teh urang bisa ningali pamandangan nu kawilang endah.

Urang bisa ningali Gunung Manglayangna di beh kulon, jeung Gunung Geulis di beh kidulna.

Baca Juga: Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

Urang oge bisa ningali ngaplakna pasawahan di handapeun sasak, jeung gagahna adegan hiji apartemen teu jauh ti sasak Cincin. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler