GALURA - Nu resep iga bakar jeung gule kambing plus nasi nu rasana has, wajib pisan maca ieu artikel.
Nu matak kitu, lantaran dina ieu artikel baris disabit kuliner nu kajojo di Kota Bandung, nyaeta kuliner iga bakar, gule kambing jeung sangu nu rasana has.
Mun pamaca can pernah nyungsi kuliner di Kota Bandung, anggap we ieu artikel teh guide sangkan teu salah milih.
Ari kulinerna nyaeta :
1. Iga Bakar Si Jangkung
Ieu kuliner memang geus teu bireuk deui. Urang Bandung mah kawasna geus pada apal ka ieu kuliner.
Nu matak kasohor, sabab rasana beda ti asakan iga bakar sejenna. Dagingna hipu, bungbungna oge pas deuih.
Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga
Di ieu kuliner sajaba ti aya menu poko iga bakar, aya oge menu sejenna nu sarua gurih jeung lezatna.
Olahan sejen nu aya di ieu kuliner teh nyaeta rupaning olahan tina daging sacara daging iga sapi, daging hayam, kambing bakar, kulit goreng, sate hayam, sate kambing jeung rea-rea deui.
Tempatna aya di Jalan Cipaganti Nomor 75 G Pasteur Kecamatan Sukajadi Kota Bandung deukeut Masjid Besar Cipaganti Kota Bandung.
2. Sate Gulai Kambing HM Harris
Ieu kuliner teu mencog kaasup legend di Kota Bandung. Kawasna, urang Bandung mah geus apal jeung ngasaan kumaha rasana.
Tapi ieu kuliner, lain wae kasohor di Bandung wae, tapi oge di sakuliah Indonesia.
Buktina apan, basa aya acara di Kota Bandung, Presiden Joko Widodo kantos mesen sate sareng gule HM Harris dina jumlah nu rohaka, taun 2017.
Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga
Pajaba penting nagara nu lianna oge, remen pisan ka ieu kuliner, peuting-peuting, boh bareng jeung kolegana boh kulawargana.
Nu jadi ciri hasna, satena hipu jeung selap gajih nu girinyih, nu diwuwuh ku bungbu atawa samarana suuk jeung kecap nu pas kana letah.
Panasaran?***