Situs Nyi Subang Larang di Nangerang Binong, Subang, Tempat Katimuna Rorongkong Manusa Purba

28 Januari 2023, 16:15 WIB
Situs Subang Larang di Subang, Jawa Barat/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Taksiran mah moal aya batur sabada anjog ka situs Nyi Subang Larang, Subang, Jawa Barat teh.

Singhoreng, eta taksiran  nyalahan pisan. Nalika Galura anjog ka situs Nyi Subang Larang nu perenahna di Desa Nangerang, Kacamatan Binong, Subang nu aya dina iuh-iuh jati, geus nyampak sawatara urang mahasiswa Unpad.

Lian ti eta, aya oge sawatara urang nu keur jarah ka makam Nyi Mas Subang Larang. Ngakuna mah maranehna teh ti Bekasi.

Baca Juga: Pabukon Komunitas Gada Membaca Mibanda Pojok Digital, Masarakat Bisa Maca Buku dina Aplikasi iPusnas

Husus mahasiswa nu jumlahna genepan ngajentrekeun, yen aya di dinya teh lantaran hayang apal ka situs Nyi Subang Larang. Sajaba ti eta, maranehna oge ngaku butuh bahan keur tuliseun soal situs budaya, ti dosenna.

“Kaleresan, ieu situs kalebet anu direkomendasikeun ku dosen, nya abdi saparakanca ka dieu,” cek Rizki, hiji mahasiswa ka Galura, sawatara waktu ka tukang.

Atuh lumayan, ayana mahasiswa nu keur ulin bari jeung ngumpulkeun bahan sarta nu keur jarah teh, ngalantarankeun Galura aya batur. Teu cuang-cieung teuing. Mangkaning di situs teh aya rorongkong jeung makam!

Baca Juga: Tradisi Ngumbah Jimat, Naha Enya Lain Budaya Sunda? Abah Cakra Suwargi: Pangaruh ti Mataram

Situs Nyi Mas Subang Larang teh salahsahiji situs penting di Subang. Disebut penting, sabab di ieu situs, rea pisan kapanggih titinggal arkeologi penting.

April 2018 nu geus kaliwat, upamana, arkeolog ti Balai Arkeologi Bandung (Balar) nu meunang pancen ngayakeun eksvakasi ti Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Subang, diparengkeun manggihan sawatara hal nu aya patalina jeung pra sajarah.

Eskvakasi nu dilakonan taun 2018 teh, minangka ranggeuyan tina eskvakasi samemehna, taun 2013 jeung 2016.

Baca Juga: Ritual Meresihan Barang Pusaka, Jakob Sumardjo: Bisa Jadi Kapangaruhan Budaya Jawa nu Pola Kakawasaanana 5:1

Eksvakasina, minangka program Seksi Cagar Budaya dan Kepurbakalaan Bidang Kebudayaan, Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupaten Subang.

Nyi Mas Subang Larang sorangan, lain samanea. Nurutkeun hiji versi, inyana teh putri ti Ki Gedeng Tapa, hiji mangkubumi Nagari Singapura, sedengkeun versi sejenna, lanceukna  pendekar Jaka Tingkir. Inyana oge disebutkeun minangka geureuhana Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran.

Mangsa purba

Di ieu situs nu mimiti kapanggihna taun 1979-1981, April 2018 nu geus kaliwat, memang kungsi katimu rupaning timuan arkeologis anyar nu aya patalina jeung mangsa purba.

Baca Juga: Kalungguhan Barang Pusaka Mungguh Budaya Sunda

Barang atawa materi nu kapanggih tim Balar nu diluluguan ku Dr. Lutfi Yondri, M.Hum teh lain samanea, tapi kaasup penting keur elmu pangaweruh.

Antarana wae, lima rorongkong manusa purba atawa pra sajarah nu umurna ditaksir 2.000 taunan. Lian eta, manik-manik nu jumlahna leuwih ti 1600 nu bahan jeung warna rupa-rupa, lempengan jeung pakarang, anu kapanggihna di sabudeureun rorongkong tea.

Hiji di antara lima rorongkong anu kapanggih, walagri keneh, teu paburencay; ditaksir rorongkong awewe. Sedengkeun anu opat deui mah geus teu walagri deui. Samalah aya nu ngan kapanggih bagean sukuna wungkul.

Baca Juga: Bohong Culik di Kuningan, Dhany : Masyarakat Ulah Waka Percaya Beja Nu Tacan Tangtu

Temuan arkeologis di Situs Subang Larang/Pikiran Rakyat

Tim ti Balar, sakumaha anu kungsi ditetelakeun ku Lutfi Yondri ka Galura sawatara wakti ka tukang nalika ekspos hasil eksvakasi yakin pisan, rorongkong nu kapanggih teh lain rorongkong jalma mangsa kiwari, tapi ti jaman purbakala.

Eta hal, di antarana, katingali tina wangun kuburan tempat kapanggihna eta rorongkong nu beda jeung wangun kuburan mangsa kiwari, sarta tina barang nu kapanggih di sabudeureun rorongkong cara manik-manik, lempengan jeung pakarang jaman purba.

Nurutkeun Lutfhi, dumasar catetan timna, dina jaman purba tea, jalma nu dikubur biasana “dibekelan” barang sarta pakakas di sisieun layonna. Sawatara bagean awak oge, nyaeta panon, irung jeung baham, biasana ditutupan ku lempengan.

Baca Juga: Ekskul Literasi jeung Jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, Ngokolakeun Mading PENA RU jeung Buletin Sakola

Eta hal luyu pisan jeung nu kapanggih di situs Nyi Subang Larang, sok sanajan lempenganana kapanggih geus teu dina tempatna deui,  tapi di sabudeureun rorongkongna.

Teu salah, eta timuan “anyar” teh, mingkin nandeskeun yen Subang minangka puseur nyebarna rumpun Austronesia. Lian ti eta, bisa jadi gambaran ngeunaan budaya atawa kahirupan luluhur Subang mangsa harita.

Kiwari, sakumna timuan arkeologis teh bisa ditingalian jeung ditengetan mun pareng laha-loka Situs Nyi Mas Subang Larang. Saratna, ulah ganggu, sok komo deui nepi ka maling barangna mah, sabab sakabeh nu aya di situs, geus ditangtayungan ku nagara.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

Basa Galura beres nengetan situs, mahasiswa tea geus taya di lokasi. Ari nu keur jarah mah, araya keneh, keur marendeko hareupeun Makam Nyi Mas. Panasaran, Galura oge milu mendeko…. Cag! ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler