“Koran basa Sunda nu ayeuna masih kénéh ’aya di kieuna’ gé karasa mungguh ’hirup teu neut paéh teu hos’. Asa wegah rék nepungan nu maca téh. Léngkahna jumarigjeug lir néangan indung teges di tengah-tengah kahirupan pérs nasional,” ceuk H. Syafik Umar, sakumaha nu diungkab dina tulisanana, “Koran Sunda, Lain Komunikasi Basi-basi”, Galura, Minggu II Pébruari 2009).
Ku naon pangna koran jeung majalah basa Sunda bet “hirup teu neut paéh teu hos”?
Enya, nu jadi marga-lantaranana mah di antarana kurang anu macana téa.
Padahal lamun maca tulisan H. Syafik Umar téa, Jawa Barat téh saenyana kaasup “untung” boga penerbitan média citak basa Sunda. Da cénah, nurutkeun catetan pérs nasional, ukur Jawa Barat jeung Jawa Timur nu masih kénéh mertahankan kahirupan pérs basa indung sacara konsistén téh.
Jadi lebah dieu mah, urang kudu ngarasa untung, béh dituna ngarasa syukur, pédah (masih kénéh) boga penerbitan média citak basa Sunda, kaasup online-na, samodél Galura Online ieu.***
Baca Juga: M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung