Halodo Taun Ayeuna Ditaksir ku BMKG Bakal Leuwih Tarik Batan Samemehna, Rayat Dipiharep Tatahar

- 16 Februari 2023, 15:30 WIB
Ilustrasi usum halodo tarik/Pixabay
Ilustrasi usum halodo tarik/Pixabay /

GALURA - BMKG naksir, halodo (kemarau) taun ayeuna nu rek dimimtiian Juni 2023, bakal leuwih tarik atawa entak-entakan ti tilu taun samemeh (2020-2022).

Ku lantaran eta, BMKG miharep jeung umajak ka masarakat pikeun tatahar pikeun nyanghareupanana.

Hiji di antara cara nyanghareupan eta musim halodo nyaeta ku cara manen hujan, terus disimpen dina tandon cai atawa bak wadah cai.

Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

Baca Juga: Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

"Meungpeung ayeuna usum keneh hujan keneh, sim kuring umajak ka pemda sareng masarakat di mana wae kanggo manen hujan ku cara disimpen dina bak wadah cai," cek Kepala Badan Meteorologi Klimatologi dan Geofisikan (BMKG) Dwikorita Karnawati di Jakarta.

Engkena, cenah, cai nu diteundeun teh bisa dipake keur nyumponan bubutuh cai mun usum halodo tarik datang, nu ditaksir bakal ngabalukarkeun sumber cai saraat.

Nurutkeun Dwikorita Karnawati, halodo nu bakal entak-entakan engke teh dipikahariwang mangaruhan kana sawatara sektor kahirupan.

Baca Juga: Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x