Kabuyutan Pamager Nagara, Ngageuing Pamingpin nu Sakira Rek Mengpar tina Kamanusaan

- 5 Februari 2023, 13:00 WIB
Salahsahiji bangunan di Kabuyutan Ciburuy di tutugan Gunung Cikuray, di Kabuyutan Ciburuy t di Desa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupaten Garut.
Salahsahiji bangunan di Kabuyutan Ciburuy di tutugan Gunung Cikuray, di Kabuyutan Ciburuy t di Desa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupaten Garut. /

Ti kabuyutan lahir palanggeran, tetekon, papagon nu kudu diestokeun boh ku raja boh ku rayat.

Dina soal miara lingkungan aya papagon: leuweung kaian, lamping awian, lengkob baseuhan. Pelakan leuweung ku tatangkalan sangkan mere kahirupan jeung huripna.

Dina lamping pelakan awi, sabab awi boga kauatan pikeun nahan urug.Lengkob baseuhan, dina lengkob kudu dibendung keur ngawadahan cai sabab cai sumber karahayuan dina kahirupan lahir jeung batin.

Kacida pisan bijakna luluhur Ki Sunda dina miara, ngaraksa tur mirosea alam jeung lingkunganana.

Hanjakal urang rundayanana sakapeung mopohokeun kana amanah para luluhur, tibra teuing ngeukeupan impian dipepende ku katamakan jeung kasarakahan.

Konsep kabuyutan beuki dieu beuki dipopohokeun. Kiwari anu nyesa the kabuyutan Ciburuy di tutugan Gunung Cikuray di Kabupaten Garut. Kitu oge ukur tempat neundeun naskah-naskah kuna.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x