Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Ngaronjatkeun Paekonomian Warga Desa Cipasung

25 Maret 2024, 10:27 WIB
Sajero ngalakonan ibadah puasan Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka neruskeun ngabatu jalan. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Angin seger sing hiliwir dina tatangkalan nu salubur ditiupan angin karasa tiis tina kaayaan isuk di Desa Cipasung. Tiisna cai ibun narapel tina dahan-dahan tangkalna. Katingali, halimun dina tatangkalan padesaan. Ngeclakna cai ibun ngabaseuhan dangdaunan anu hejo ngemploh. Angin anu ngahiliwir nambahan sumanget jiwa raga

Jalan satapak anu arula arileu, kiwari tembong ngabulugbug lir ngabulugbugna hate warga Desa Cipasung. Angin tiis dina poé isuk mapagkeun panon poé isuk-isuk. Hejona tatangkalan endag-endagan katiup angin.

Cipasung nyaeta desa di kecamatan Lemahsugih, Majalengka, Jawa Barat, Indonesia. Cipasung mangrupakeun desa pangtungtungna wates Kabupaten Ciamis. Warga Cipasung mibanda panghasilan tina tatanen. Di desa ieu ngadeg 2 Sakola Dasar nyaeta SDN Cipasung 1 anu aya di tengah-tengah desa, persis hareupeun Bale Desa Cipasung sarta SDN Cipasung 2 anu merenahna di hareupeun lapangan desa.

Likungan Desa Cipasung masih kawilang asri, kahirupan masarakatna oge masih saderhana. Sanajan padesaan anapon kitu sabagian gede kapala kulawarga mampuh nyakolahkeun anak-anakna nepi ka paguron luhur. Desa Cipasung oge mibanda tempat wisata nyaeta perkebunan teh KNPI. Kebon teh ieu rame di anjangan wisatawan lokal boh interlokal.

Alam Relaksasi Kulawarga

Kebon Teh Cipasung mangrupakeun tempat wisata alam di Majalengka anu bisa jadi alternatif keur tempat liburan wisatawan bareng kulawargana. Teu perelu jauh-jauh ka Bogor pon kitu deui kebon teh lianna pikeun nempo kaendahan alam perkebunan teh, cukup datang wae ka perkebunan teh di Majalengka anu alamatna di Desa Cipasung.

Kaayaan kebon teh ieu ngajadikeun daftar tempat wisata alam di Majalengka kawilng leuwih nambahan. Keur masarakat Majalengka teu perelu bingung deui pikeun nyiar nyiar tempat wisata anu mibanda pangirut.

Jarak 58 km ti puseur Kota Majalengka, ngabutuhkeun waktu kira-kira 1,5 nepi 2 jam perjalanan. Aya dua pilihan jalur ka Perkebunan Teh Cipasung Majalengka, anu kahiji ngaliwatan Bantarujeg – Cigaleuh – Kalapa Dua – Bangbayang – Cipasung boh anu leuwih deukeut ngaliwatan Desa Lemahputih – Borogojol jeung Cipasung.

Ngabulungbungna Jalan Satapak

Isuk-isuk jalan masih dikeliran ku halimun, nyecep tiis suasana alam desa masih nyimbutan masarakat desa. Pakepukna warga desa anu aya di lamping Gunung Cakrabuana masih tacan rame. Anapon kitu masarakat desa sebagian mitembeyan aktifitas keur ngebon.

Desa anu aya di tungtung Kidul Kabupaten Majalengka ieu mangrupakeun salasahiji desa wisata anu mibanda budaya sarta kaarifan lokal anu masih kajaga nepi ka kiwari. Ngaran desana nyaeta Desa Cipasung kaasup administrastif Kecamatan Lemahsugih.

Numutkeun Kepala Desa Cipasung, Deni
Hermanto, netelakeun, yen Desa Cipasung mibanda lahan anu subur. Sababaraha komoditas hasil bumi dihasilkeun di ieu patempatan. Diantarana, pare, palawija, jeung sababaraha rupa pepelakan hortikultura. Teu heran pakasaban masarakat Desa Cipasung mayoritas salaku patani jeung padagang, sabagian leutik digawe salaku pagawe swasta jeung pagawe negeri sipil.

"Karajinan anyaman oge janten salasawios sumber tambihan pakasaban kangge sabagian masarakat Desa Cipasung," ceuk Deni Hermanto.

TMMD

Nalika matapoe geus mimiti meletek ti belah wetan, suasana Desa Cipasung anu simpe ngadak-ngadak rame kasiweur ku tinggorowokna sakumpulan jelema anu pinuh sumanget. Teuteupan panon anu seukeut pangawakan dedeg gagah pinuh ku komara make saragam loreng mitembeyan aktifitas sapopoe.

Pamandangan saragam loreng, hal ieu mangrupakeun hal anu teu aneh deui pikeun warga Cipasung anu keur ngalaksanakeun pangwangunan jalan. Aranjeunna nyaeta pasukan ti 3 (tilu) matra ti TNI nyaeta TNI AD, TNI AL jeung TNI AU anu pakepuk rereongan ngagawean sasaran fisik anu aya dina auban Satuan Tugas (Satgas) TNI Manunggal Membangun Desa (TMMD) ka-119 anu lumangsung dikendalikeun langsung di Komandoan ku Dansatgas TMMD ka-119.

Letkol Inf Dudy Pilianto,S.Pd, M.I.P., anu ngajabat Dandim 0617/Majalengka nyepeng kendali dina palaksanaan Satuan Tugas TMMD ka-119. Poe eta, Letkol Inf Dudy Pilianto nyukcruk jalan satapak anu mangrupakeun masih taneuh beureum tur rumpil, saukur bisa diliwatan ku sapedah motor sakumna pagawe kebon anu jadi pakasaban poko sapopoe sarta ngandelkeun tina hasil tatanen.

Hasil tatanen eta diangkut ngagunakeun jasa angkut roda dua anu ngaliwatan jalan satapak kalayan jumlah anu kawates. Pon kitu deui lamun keur usum mijih, jalan taneuh jadi becek sarta kungsi aya korban anu tilar dunya.

Nalika ngaliwat, masarakat di kebon, suka seuri pinuh kagumbiraan. Masarakat nitenan pagawean anu taya reureuhna dilaksanakeun ku Satgas anu aub jeung warga masarakat anu ngabantuan pekerjaan fisik. Hal ieu kawilang kentelna kemanunggalan TNI jeung warga desa.

Numutkeun Dan Satgas TMMD ka-119, Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd, M.I.P., anu ngajabat Dandim 0617/Majalengka, netelakeun, yen pengerjaan sasaran fisik kiwari kawilang istimewa sabab digawean dina bulan suci Romadon keur umat islam mangrupakeun bulan anu pinuh barokah tur kudu dieusi ku amal-amalan kahadean oge ibadah.

"Hal ieu anu ngajantenkeun sakumna personel Satgas TMMD kangge didamel sakantenan ibadah," ceuk Letkol Inf Dudi Pilianto, sababaraha waktu katukang.

Nalika matapoe mimiti manceran, sapedah motor Letkol eureun di riungan pasukan anu keur tihothat muka jalan, ngangkut batu pikeun pengerasan jalan. Aya oge sabagian anu mawa seserok mawa batu split keur pengaspalan.

“Dupi dinten ieu kumaha iber sakumna pasukan sehat walafiat oge siap neraskeun kagiatan dinten ieu ? ceuk Dansatgas ka Perwira pangkolotna di Satgas eta.

“ Siap Komandan, sakumna pasukan siap ngalaksanakeun tugas dinten ieu,'” jawab salasaurang Perwira di Satgas TMMD.

Satuluyna Letkol Inf Dudy kalayan pinuh sumanget tur taliti milu aub jeung sakumna pasukan Satgas anu keur ngagawean sasaran poko dina TMMD ka-119 ieu nyaeta pembukaan, pengerasan jeung pengaspalan jalan sajauh 3.000 m x 2 m anu ngahubungkeun blok Sukamanah jeung blok Wirayana Desa Cipasung. Hal ieu dipiharep anu baheula ngan ukur bisa diliwatan ku kandaraan roda dua. Anapon kitu ku pembukaan jalan ieu dipiharep bisa diliwatan kandaraan roda opat.

Dansatgas netelakeun, yen panangtuan sasaran fisik di Desa Cipasung anu muka jalan di lamping pagunungan geus dikaji ku Pamarentah Daerah Kabupaten Majalengka, sarta aya sababaraha faktor panangtuan sasaran ieu, diantarana:

Kahiji, Faktor Ekonomi. Nyaeta masarakat Desa Cipasung anu sabagian gede pakasabanna mangrupakeun patani anu ngagarap kebon di lamping-lamping pasir, nalika ngangkut hasil kebon kalayan ngagunakeun kandaraan motor teu bisa gancang. Hal ieu alatan akses ka jalan penghubung desa masih mangrupakeun jalan satapak jeung taneuh beureum. Masarakat dina ngangkut hasil kebon bisa nepi 30-60 menit nepi ka jalan desa, anu satuluyna ti jalan desa diangkut ngagunakeun kandaraan roda opat ka pasar.

Kadua, Faktor Perkuat Ketahanan Wilayah. Desa Cipasung Kecamatan Lemahsugih anu kawates jeung Kab Ciamis, mangrupakaeun Desa anu kawilang strategis. Kaayaan geografis anu masih lamping pasir ngamungkinkeun aparat Komando Kewilayahan jadi daerah pangkal pertahanan.

Dina kasempetan eta, Letkol Inf Dudy Pilianto, netelakeun, yen sasaran anu dilaksankeun dina TMMD ka-119 nyaeta sasaran fisik jeung non fisik. Sasaran fisik nyaeta pembukaan jalan sapanjang 3.000 m x 2 M.

"TMMD ka-119 oge ngadamelan sasaran fisik sanesna anu mangrupikeun program unggulan Bapa Kasad, diantawisna, Rehab Madrasah, Pangwangunan Rutilahu, Pangwangunan Pos Kamling, Ngadamel bak cai beresih, Penanaman pohon 200 bibit, Ketahanan Pangan Jagong 2 Ha, katut Pencegahan Stunting 100 MTB (Makanan tambahan balita)," ceuk Dudy Pilianto.

Satuluyna Dandim nyebutkeun, salian sasaran fisik, dina TMMD ieu oge dilaksanakeun sasaran non fisik nyaeta Penyuluhan Pertanian, Perkebunan jeung Peternakan, Penyuluhan Kesehatan (Stunting, Posyandu dan Posbindu), Penyuluhan Pajak bumi jeung Bangunan, Penyuluhan pertahanan Negara, Penyuluhan Bencana alam jeung Penyuluhan Penanganan Narkoba, perjudian tur kemitraan.

Dandim oge negaskeun salian sasaran fisik jeung non fisik anu geus digawean 100 %, Satgas TMMD ka-119 oge mampuh ngalaksankeun over prestasi diantarana nyieun plesterisasi gang sajauh 150 m, penerangan jalan umum (PJU) sajumlah 7 titik oge nyieun tugu prasasti TMMD 119.

“Anapon kitu anu pikareueuseun ku kahadiran Satgas TMMD di Desa Cipasung nyaeta ngalaksanakeun operasi gratis kangge warga Desa Cipasung anu kasawat tumor di tenggek ti kawit lahir," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.

"Ku ayana TMMD ka-119 ieu warga eta tiasa dibantos kangge ngalaksanakeun operasi gratis pengangkatan tumor rempug gawe Poskes Dim Majalengka sareng RST. Ciremai Cirebon," ceuk Dandim.

Disebutkeun Dandim, tangtuna wae hal ieu mangrupakeun kareueus sakumna anu kalibet di TMMD oge masakat Desa Cipasung. Kahadiran satgas TMMD di Desa Cipasung bisa mere mangpaat salian mangpaat sacara fisik jeung non fisik, oge karaketan masarakat jeung personil Satgas.

Satuluyna, Dandim negaskeun, Dampak Positif TMMD ka-119, nyaeta :

Kahiji, Pembukaan akses jalan. Pembukaan akses jalan sapanjang 3.000 meter eta ngahubungkeun blok Sukamanah jeung blok Wirayana Desa Cipasung. Diantarana, ngagampangkeun warga anu sapopoena pakasabanna salaku patani keur ngakses lahan pertanian boh perkebunan tur mawa hasil panen. Hal eta tangtu bisa ngarojong tumuwuhna paekonomian masarakat, malahmandar mampuh ngaronjatkeun karaharjaan warga sabudeureunna.

Kadua, Rehab Madrasah. Salila ieu
warga Desa Cipasung mibanda tempat nyuprih elmu pangaweruh keur ngaji masih jauh disebutkeun layak, sarta ku ayana Madrasah ieu salian digunakeun pikeun sarana belajar mengajar tangtuna oge pikeun puseur kagiatan kaagamaan jeung majlis ta’lim.

Katilu, Pangwangunan RTLH. Rumah Tidak Layak Huni ieu di hususkeun keur warga Desa Cipasung salaku anu nampa mangpaat anu mibanda katagori ekonomi kurang mampuh, sangkan bisa mere kalayakan tur kamerenahan.

Kaopat, Pangwangunan Poskamling.
Salaku Pos Kaamanan Lingkungan anu diadegeun di Desa Cipasung mampuh jadi puseur masarakat pikeun ngariung dina raraga ngaronjatkeun kaamanan tur katartiban masarakat desa.

Lima, Nyieun bak cai beresih. Cai beresih anu aya di lamping gunung minangka salasahiji kabutuhan anu krusial, perelu ayana bak penampungan cai saacanna disalurkeun ka imah-imah di Desa Cipasung. Dina kituna kasehatan warga desa tetep kajaga.

Genep, Penanaman Pohon. Kalumangsungan alam di Desa Cipasung perelu dijaga, ku ayana penanam pohon di wilayah Desa Cipasung bakal bisa ngabantu ekosistem anu aya di alam Desa.

Katujuh, Ketahanan pangan jagong. Salian pare, jagong oge jadi komoditas di Desa Cipasung. Jagong anu dipelak jadi alternatif bahan kadaharan poko, oge bisa keur jadi pilot project pikeun warga desa dina ngalaksanakeun program ketahanan pangan.

Dalapan, Pencegahan Stunting 100 Makanan Tambahan Balita. Salian warga masarakat anu nampa mangpaat, kiwari balita di Desa Cipasung oge milu ngarasakeun kabagjaan ku ayana makan tambahan ku Satgas TMMD. Hal ieu tangtuna kawilang ngabantu keur nyegah stunting.

Salapan, Penyuluhan-penyuluhan.
Kagiatan penyuluhan jeung sosialisasi ieu dilaksanakeun taya reusna ka warga desa. Penyuluhan eta dintarana, Penyuluhan Pertanian, Perkebunan jeung Peternakan, Penyuluhan Kesehatan (Stunting, Posyandu dan Posbindu), Penyuluhan Pajak bumi dan Bangunan, Penyuluhan pertahanan Negara, Penyuluhan Bencana alam jeung Penyuluhan Penanganan Narkoba, perjudian katut kemitraan. Kawilang mangaat kagiatan ieu, tangtu ku sinergitas antara Satgas jeung Pamarentah Daerah bisa ngawujudkeun masarakat anu adil tur raharja sacara berkesinambungan.

Pamarentah Daerah Optimistis jeung Kareueus Warga Desa Cipasung

Penjabat Bupati Majalengka, Dedi Supandi, ngaku optimistis hasil pangwangunan TNI Manunggal Masuk Desa (TMMD) Kodim 0617/Majalengka ngalancarkeun paekonomian warga.

Pasalna, salasahiji sasaran fisik dina TMMD di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, nyaeta ngawangun jalan sapanjang tilu kilometer anu ngahubungkeun Blok Sukamanah - Blok Wiranyana.

Pon kitu deui, ceuk Dedi, ruas jalan eta teu ngan saukur jadi akses antarblok, anapon kitu oge antardaerah, sabab milu ngahubungkeun Majalengka - Ciamis - Tasikmalaya.

"Sim kuring ngaraos bersyukur, TMMD di Desa Cipasung ieu tiasa ngawangun jalan baru anu ngahubungkeun antardaerah," ceuk Dedi Supandi nalika ditepungan rengse panutupan TMMD ka-119 di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (21/3/2024).

Disebutkeun Dedi, Kabupaten Majalengka oge bakal jadi dua program TNI lianna, nyaeta Bakti Siliwangi Manunggal Satata Sariksa (BSMSS) jeung TNI Manunggal Sindang Kasih (TMSK).

Rencanana, BSMSS dilaksanakeun di Kecamatan Sindangwangi, oge TMSK di Desa Cikaracak, Kecamatan Argapura, Kabupaten Majalengka, dina waktu deukeut.

Pihakna ngaku, yen sasaran dina BSMSS nepi TMSK eta oge ngalegaan tur ngawangun jalan baru keur ngagampangkeun akses masarakat, pon kitu deui ngalancarkeun paekonomian.

"Sim kuring ngaraos yakin ayana jalan baru ieu bakal ngalancarkeun paekonomian masarakat oge ngagampilkeun akses murangkalih sakola, margi jalurna langkung enggal," ceuk Dedi Supandi.

Dedi nyebutkeun, BSMSS anu digelar di Kecamatan Sindangwangi rencanana bakal ngalegaan jalan lingkar Jatilima anu nembus langsung ka Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka.

Dedi mastikeun, Pemkab Majalengka oge sainyana ngarojong pinuh TMMD, BSMSS, pon kitu deui TMSK anu dilaksanakeun jajaran TNI ti mimiti tingkat Mabes TNI, Kodam III/Siliwangi, jeung Kodim 0617/Majalengka.

"Dina runtuyan kagiatan di TMMD Desa Cipasung ieu ti Pemkab Majalengka oge ngalaksankeun bazar murah anu nyayogikeun bahan poko sanaos hargina di pasaran ngawitan lungsur," ceuk Dedi Supandi.

Sawatara Kepala Desa Cipasung, Deni Hermanto, netelakeun, yen ku ayana kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka ieu kawilang ngabantu desana. Dina hal ieu salian euyeubna pangwangunan anu dilaksanakeun ku Satgas TMMD, oge bisa ngalancarkeun tur ngaronjatkeun paekonomian masarakat Desa Cipasung.

Dina kituna pembukaan akses jalan sapanjang 3.000 meter eta ngahubungkeun blok Sukamanah jeung blok Wirayana Desa Cipasung. Diantarana, ngagampangkeun warga anu sapopoena pakasabanna salaku patani keur ngakses lahan pertanian boh perkebunan tur mawa hasil panen.

"Hal ieu tangtosna tiasa ngarojong tumuwuhna paekonomian masarakat, malahmandar mampuh ngaronjatkeun karaharjaan warga sabudeureunna," ceuk Deni Hermanto.

Salasaurang warga Desa Cipasung, Emed (55), nyebutkeun, salian kagiatan sasaran fisik jeung non fisik anu geus digawean 100 %, Satgas TMMD ka-119 oge mampuh ngalaksankeun over prestasi diantarana nyieun plesterisasi gang sajauh 150 m, penerangan jalan umum (PJU) sajumlah 7 titik oge nyieun tugu prasasti TMMD 119.

“ Hatur nuhun kanggo Dansatgas TMMD ka-119 katut jajaran, anu parantos ngabantos warga Cipasung tos ngalaksanakeun operasi tenggek anu kasawat tumor ti kawit lahir. Hal ieu ngajantenkeun kareueus warga Desa Cipasung katut sabudeureunna," ceuk Emed.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler