Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

26 Januari 2023, 10:00 WIB
Warag Rajadesa Kabupaten Ciamis tepi ka ayeuna masih nyieunan wawadahan tina anyaman. Barang dijieun tina anyaman awi, hoe, jeung pandan runtahna moal matak keumeuh lingkungan (Nanang S). /

GALURA -Saméméh mahabu wadah tina plastik jeung tina stropon anu sok dipaké wadah kadaharan teh anyaman awi atawa anyaman hoe.

Barang anyaman awi atawa anyaman hoe teh kayaning pipiti, bésék, piring tina anyaman, sarupaning anyaman tina nyéré, awi, hoé jeung pandan. Euweuh nu dijieun tina plastik atawa stropon.

Nu matak baheula mah taya runtah urut wadah nu dijieun tina plastik jeung stropon. Wadah tina anyaman awi jeung anyaman hoe mah dina ruksak oge heg dipiceun moal matak ngaruksak lingkungan lantaran kaasup runtah organik.

Baca Juga: Putri Anjungsari (8)

Nganyam jeung Milih Awi
Kecap nganyam asalna tina anyam, wujud hiji barang anu dijieuna tina nyéré, awi, pandan, jeung hoé, anu meunang ngahua atawa meunang nyébétan, atawa diraut kawas maud.

Hasilna tina ngahua diréndonkeun dipaselupkeun, kawas nyieun bilik. Hasil barang anyaman contona hihid, nyiru, boboko, aseupan, tolombong, ayakan jeung sajaba ti éta. Bahanna tina daun kawung, daun kalapa, nyéré, awi, pandan, jeung hoé.

Karajinan anyaman diluyukeun jeung kabutuh kahirupan sapopoé, keur popolah, jeung keur wawadahan. Dina kamus Sunda-Belanda (Coolsma 1913) disebutna teh anyam cayut, wawadahan tina anyaman daun gebang.

Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK) mah anyam cayut téh kagolongkeun kana rupa (motif) lawon, lain anyaman tina awi atawa hoé.

Baca Juga: Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

Najan kitu, nyieun lawon (ninun) dasarna nganyam kénéh, jeung ongkoh deuih kecap anyam cayut masih kénéh dipaké nepi ka awal abad ka-20.

Dipakéna, jeung dipidangkeun dina hajat salametan opat puluh poé orok, salametan nundatan (khitanan), salametan nikahkeun, hajat lembur (ngaruat) jeung ritual séjénna.

Medalna anyaman medal tina kamotékaran masarakat, aya anu idena ka ilhaman medal tina lingkungan alamna aya ogé anu kapangaruhan ku budaya deungeun.

Bahan anu dipaké contona tina awi. Tangkal awi anu rék dijieun anyaman ulah nu ngora teuing jeung nu kolot teuing, awi anu hadé keur anyaman paling copél umurna geus tilu usum, anu lila dipelakna sataunm leuwih tepi ka dua taun.

Baca Juga: Mikawanoh Tradisi 'Ngapem' atawa Babagi Apem di Karaton Kanoman Cirebon, Teu Nuang Sangu Salila Sabulan

Awi anu kawilang aralus keur bahan anyaman: awi nu bukuna lantas. Ngarah anyaman teu gancang ruksak sarta awét dipakéna, waktu nuar awi ulah isuk teuing, jeung lain dina usum ngijih.

Sanggeus dituar ulah waka digolérkeun kudu ditangtungkeun, sarta kudu dipiceun heula hama nu aya dina jero awi. Carana dikeueum dina cai lilana dopat belas poé atawa satengah bulan.

Awi anu meunang motongan, panjangna gumantung kana kaperluan keur nyieun naon dibeulah dijieun sabébék-sabébék kira-kira rubakna 2-3-4 senti.

Sabada disebitan atawa dihua, tina sabébék téh sok jadi opat lambar hasil ngahua, terus diratut tepi ka ipis. Ngarautna aya nu disebut wangun beuteung siraru bagian tengahna rada kandel, sangkan hasil anyamanana leuwih seseg.

Hoé, pandan jeung nyéré oge memeh dianyam kudu diraut luyu jeung kabutuh anyaman.

Baca Juga: Jawa Barat teh Geuninganan Provinsi Waduk

Sangkan Teu Ngaruksak Lingkungan
Supaya aman kana kaséhatan jeung sangkan teu ngeumeuhkeun lingkungan, wadah anu bahanna tina palastik jeung strofoam, kudu mimiti dieureunan.

Urang Sunda, bangsa Indonésia kudu mampuh ngamangpaatkeun barang-barang hasil karajinan bangsana sorangan.

Bahanna kacida ngaleuyana, méh di unggal lembur aya awi, aya kénéh tangkal kalapa, anu nyéréna bisa dijieun karajinan, aya kenéh tangkal hoé jeung pandan.

Ngarah barudak kiwari kataji deui ku pagawéan nganyam, aya deui generasi anyar nu nyieun pipiti, pamarentah ulah cicingeun.

Pamarentah kudu ngawajibkeun ka pangusaha réstoran, rumah makan, mall, mini market, super market, sangkan maraké wadah tina anyaman.

Manghanjakalkeunana tacan aya ketak pamarentah saperti kitu. Walhasil runtah plastic runtah stropon, teu di desa teu di kota ngahunyud.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler