“PUGUH diarep-arep datang tengah peuting. Hawu oge pinuh ku lebu dangdaunan, da geus loba nu didurukna,” ceuk nu boga imah.
“Ke, keur naeun ngaduruk dangdaunan?” Olot Kaya panasaran.
“Sangkan haseup ngelun. Nu rek nyemahna tacan apaleun ka imah kula.”
Bena nepak tarangna.
“Ngabejaanana ku haseup, nya, Ki?” ceuk Bena, ngaakikeun ayeuna mah ka nu boga imah teh.
“Enya. Ngan nu nyahoeunana ukur saurang.”
Olot Kaya neuteup nu boga imah. Ras inget deui basa neangan lembur pedah kudana geus laleuseuhan sawaktu masih tacan anjog ka Rajamandala. Sarua aya haseup nu ngelun ti hiji imah sarta nu boga imah nyodoran seupaheun nu hade. Wadah seupaheunana teu beda jeung aya nu di karaton. Ciri nu boga imah geus apaleun bakal ngaliwat urang Pajajaran.
Ayeuna manggih deui haseup nu dijadikeun tanda. Olot Kaya ngagelenyu. Paingan atuh Putri Anjungsari ngajak nyimpang. Nu nyahoeunana ukur Putri Anjungsari. Tapi saha nu ngabejaanana? Iraha? Jeung deuih eta aki-aki teh saha?
“Aeh, can wawanohan,” ceuk Olot Kaya. “Kami Olot Kaya, ieu Bena, Rait, itu nu dikarembong hideung Ranah….”