“Yap, ka jarero,” pokna.
Patutur opatanana arasup. Anu pangpandeurina mah Bena bari memeh asup ka tepas teh lenga-lengo heula. Di jero kasampak tilu urang lalaki nu sapantar jeung lalaki nu megat Bena, dariuk. Lalaki nu megat Bena, diukna gigireun lalaki nu tiluan. Putri Anjungsari, Bena jeung Rait dariukna paeunteung-eunteung jeung lalaki nu opatan.
“Bagea,” ceuk nu lalaki tiluan meh bareng.
Putri Anjungsari neuteup ka lalaki nu megat, terus paneuteupna pindah ka nu tiluan. Anu diteuteup teu wanieun malik neuteup kalah ka tarungkul. Bena jeung Rait heraneun. Maling-maling mencrong ka lalaki opatan. Bena jeung Rait asa-asa ka nu opatan teh, asa kungsi nempo di Pakuan Pajajaran, ngan wawuh mah henteu.
“Paman…!” Putri Anjungsari ujug-ujug ngagero.*** Nyambung