Carnyam Putri Anjungsari (68), Wanci Sareureuh Budak, di Sisi Leuweung Dipegat deui ku Saurang Lalaki

- 27 Maret 2023, 03:00 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Putri Anjungsari

PUTRI Anjungsari ngalumpatkeun kudana. Bena jeung Rait oge negarkeun kudana sewang-sewangan. Kuda tiluanana ngaberetek, lumpat tarik, jalanna kaasup lempeng sakitu mah, henteu tarahal. Kaayaan geus paroek, komo deuih sasat keur di tengah leuweung. Masing  beurang oge angger paroek di tengah leuweung mah.

Beak leuweung, anjog ka tegalan. Sigana paranti ngangon. Tegalan teh kapotong ku walungan leutik. Sasakna dijieun tina awi bitung, baradag, jeung tohaga pisan. Anu pangheulana nyukang teh Rait bari nitenan sasak. Kuda leumpangna lalaunan. Sanggeus tepi ka beulah ditu, Putri Anjungsari nu nyukang teh, ditema ku Bena.

Najan geus manggih tegalan, tacan aya kelemeng manggih lembur deui. Atawa bisa jadi lemburna henteu di sisi jalan lebah dinya mah, tapi jauh ka jalan. Kaayaan geus poek,  katurug-turug, langit ceudeum ku pihujaneun, atuh beuki meredong wae. Teu tembong bentang nu ting kariceup, sumawonna bulan mah.

Supa lumar jeung cicika nu enyay-enyayan dina kuta henteu bisa nyaangan jalan. Putri Anjungsari angger ngalumpatkeun kudana, kawas hayang buru-buru tepi ka hiji tempat. Kira-kira wanci sareureuh budak, anjog ka hiji tempat anu kenca katuhuna pinuh ku dapuran haur gereng, dapuranana teh ngajajar panjang.

Putri Anjungsari ngarandeg. Kitu deui Bena jeung Rait. Teu lila Bena ngenyed deui kudana, kuda leumpang lalaunan. Tapi teu kebat, hareupeunana kaburu aya nu ngurunyung ti lebah dapuran haur gereng. Lalaki, saurang. Bena ngagentak ngeureunkeun kudana. Putri Anjungsari jeung Rait nyampeurkeun.

“Bagea Ki Silah,” tembal eta lalaki.

“Saha dia?” tembal Bena bari mencrong ka eta lalaki nu make baju sarwa hideng jeung ditotopong warna biru nu aya gambar kembang-kembang. Pangawakanana leutik, tapi awakna seseg, geus rada meunang umur.

“Nyimpang ka kami heula. Reureuh heula. Isuk neruskeun deui lalampahan mah,” ceuk eta lalaki.

Bena ngareret ka Putri Anjungsari.

“Meunang kami nyaho sangkan kami percaya ka dia?” ceuk Putri Anjungsari ku sora asli. Sorana tandes, ngandung komara.

Eta lalaki nyanghareup ka Putri Anjungsari. Tapi teu wanieun paadu teuteup jeung Putri Anjungsari.

“Omah dia di mana?” ceuk Putri Anjungsari deui, leuleuy ayeuna mah.

“Tuturkeun wae kami,” tembal eta lalaki bari leumpang ka lebah tadi ngurunyung. Terus leumpang mapay sisi dapuran haur gerung

Putri Anjungsari, Bena jeung Rait bari angger tumpak kuda nuturkeun eta lalaki. Bena jeung Rait angger taki-taki, bisa aya kajadian nu teu dipihareup. Putri Anjungsari, leungeun kencana, napel dina cangkeng, siga nu keur ngeupeul gagamanana. Bena apaleun salian ti patrem nu mageuhan gelungna, Putri Anjungsari sok mamawa keris.

Beak dapuran haur gereng, lalaki bieu mengkol ka kenca, najan taya jalan oge, memehna nyuaykeun heula rungkun saliara nu henteu pati ngajejembrung jeung henteu laluhur, serek tuur kolot. Atuh Putri Anjungsari, Bena jeung Rait teu kudu turun, lantaran kudana bisa ngalengkahan rungkun.

Lalaki tadi terus leumpang. Teu sabaraha lilana anjog ka jalan nu rada rubak. Di dinya aya kuda hiji nu keur nyatuan. Tali elesna henteu dialan. Lalaki tadi nyampeurkeun eta kuda. Clak mancal. Tali elesna dikenyed. Beretek lumpat. Putri Anjungsari, Bena jeung Rait nuturkeun tukangeunana, bari angger waspada.

Ukur sakoteap ngahanca jalan, jog anjog ka pilemburan nu rada gegek. Kuda nu ditumpakan lalaki tadi mengkol ka katuhu, sarta eureun di pakarangan hiji imah nu badag. Jrut turun. Putri Anjungsari, Bena jeung Rait oge tarurun. Kurunyung saurang budak ngora nyampeurkeun. Nyokot tali eles kuda nu ditumpakan ku lalaki tadi.

Kudana ditungtun ka sisi kebon gigireun imah, rada anggang. Sigana paranti nunda kuda, lantaran di dinya aya saung rada gede, ngan lain gedogan. Saungna oge teu make pipinding. Geus merenahkeun kuda, budak ngora teh balik deui, sarta nungtun kuda Putri Anjungsari, Bena jeung Rait, dibawa ka tempat tadi. 

Panto tepas muka. Cahaya cempor ngempur kaluar. Saurang lalaki ngelol.

“Yap, ka jarero,” pokna.

Patutur opatanana arasup. Anu pangpandeurina mah Bena bari memeh asup ka tepas teh lenga-lengo heula. Di jero kasampak tilu urang lalaki nu sapantar jeung lalaki nu megat Bena, dariuk. Lalaki nu megat Bena, diukna gigireun lalaki nu tiluan. Putri Anjungsari, Bena jeung Rait dariukna paeunteung-eunteung jeung lalaki nu opatan. 

“Bagea,” ceuk nu lalaki tiluan meh bareng.

Putri Anjungsari neuteup ka lalaki nu megat, terus paneuteupna pindah ka nu tiluan.  Anu diteuteup teu wanieun malik neuteup kalah ka tarungkul. Bena jeung Rait heraneun. Maling-maling mencrong ka lalaki opatan. Bena jeung Rait asa-asa ka nu opatan teh, asa kungsi nempo di Pakuan Pajajaran, ngan wawuh mah henteu.

“Paman…!” Putri Anjungsari ujug-ujug ngagero.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x