DPD KNPI Kabupaten Majalengka Diistrenan, Ulah ukur Katempo dina Mieling Sumpah Pemuda

- 1 Juni 2023, 11:00 WIB
DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026 diistrenan (30/05/2023). KNPI ulah Ngan katempo dina mieling Sumpah Pemuda.
DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026 diistrenan (30/05/2023). KNPI ulah Ngan katempo dina mieling Sumpah Pemuda. /Ayank/Galura

"Dina rapat kerja daerah DPD KNPI Kabupaten Majalengka, bakal fokus di program kawijakan di widang kamotekaran SDM pamuda, babakuna di widang pangaweruh, ekonomi, tur kasehatan," pokna.

Anton nyebutkeun pamuda Majalengka kudu jadi  pamuda nu pikiranana sehat, sehat jasmani sareng sehat rohani sarta ide-ide tur gagasanna mampuh aya kontribusina kangge kamajengan Kabupaten Majalengka.

Bupati Majalengka kalayan asma pamarentah daerah Kabupaten Majalengka, ngawilujengkeun tur ngapresiasi ka pangurus DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026 nu anyar diistrenan.

Bupati Majalengka miharep kapangurusan DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026 bisa leuwih  kolaborasi, komunikasi sarta ngamitra, boh jeung Pemda Majalengka boh jeung stakeholder sejenna.

Baca Juga: Ti 1 Juni 2023 Kareta Api nu Eureun di Stasiun Ciamis Leuwih Loba

"Hal eta tangtosna kangge langkung motekarkeun  kamitraan KNPI Kabupaten Majalengka ka pihak sanes. Seueur OPD nu tiasa di mitrakeun sareng agenda KNPI. Ku kituna sinergi antawis KNPI sareng Pemda Majalengka bakal tiasa ngahasilkeun hal nu ageng mangpaatna kangge masarakat  Kabupaten Majalengka,” ceuk Bupati.

Bupati oge miharep KNPI mampu nempatkeun diri dina sagala widang dina harti, KNPI lain wae aub dina satiap Sumpah Pemuda 28 Oktober. Tapi karasa kontribusina ku hal-hal nu inovatif.

"Wilujeng mancen tugas, wulujeng koordinasi, kolaborasi tur inovasi dina ngajaga dangiang KNPI di Kabupaten Majalengka," ceuk Bupati.

Diistrenana DPD KNPI Kabupaten Majalengka Oge diluuhan ku Ketua DPRD Kabupaten Majalengka, rengrengan Forkopimda, Ketua DPP KNPI Nasional.

Ketua DPD KNPI Jawa Barat, sakumba Kepala OPD, sakumna camat, Ketua Bawaslu, Ketua Baznas Kabupaten  Majalengka, Ketua KONI Kabupaten Majalengka, ketua organisasi masarakat, organisasi kapemudaan di Kabupaten Majalengka, sarta pangurus DPD KNPI Kabupaten Majalengka.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x