DPD KNPI Kabupaten Majalengka Diistrenan, Ulah ukur Katempo dina Mieling Sumpah Pemuda

- 1 Juni 2023, 11:00 WIB
DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026 diistrenan (30/05/2023). KNPI ulah Ngan katempo dina mieling Sumpah Pemuda.
DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026 diistrenan (30/05/2023). KNPI ulah Ngan katempo dina mieling Sumpah Pemuda. /Ayank/Galura

GALURA - Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., ngaluuhan diistrenanana pangurus Dewan Pengurus Daerah Komite Nasional Pemuda Indonesia Kabupaten Majalengka (DPD KNPI Kabupaten Majalengka) entragan 2023-2026 (30/05/2023), di Gedong Graha Sindangkasih Majalengka.

Pangurus DPD KNPI Kabupaten Majalengka entragan 2023-2026  dipupuhuan Anto Febrianto, M.Pd; Ketua Harian: Dery Dwi Permadi, S.IP.; Sekretaris: Muh Nur Jummu J CH; Bendahara: Muhammad Habibie, M.Hum. 

Pangurus DPD KNPI Kabupaten Majalengka 2023-2026 diistrenan sacara resmi ku Ketua DPD KNPI Provinsi Jawa Barat.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Ketua umum DPD KNPI Kabupaten Majalengka  anyar diistrenan, Anto Febrianto, M.Pd., nyebutkeun  KNPI Kabupaten Majalengka kudu aktif dina pangwangunan pikeun ngawujudkeun kamajuan daerah.

Tina kituna, lengkah munggaran nu bakal dilaksanakeun: konsolidasi boh internal boh eksternal.

"Konsolidasi internal bakal dilaksanakeun orientasi pangurus DPD KNPI Kabupaten Majalengka. Konsolidasi eksternal bakal ngogan sakumna ketua organisasi kapemudaan nu jumlahna 72 OKP, tujuanna pikeun leuwih ngaraketkeun silaturahmi sarta ngarojong supados tiasa ngawujudkeun ide sarta gagasan sateuacan ngalaksanakeun rapat kerja daerah DPD KNPI Kabupaten Majalengka," ceuk Anto

Pihakna bakal  ngaraketkeun kamitraan tur kolaborasi jeung Pemda Majalengka sarta stakeholder lianna. Salian eta oge KNPI bakal tuluy  aktif dina satiap kawiijakan palaksanaan program pamarentah oge sharing ide tur gagasan pikeun ngawujudkeun Majalengka Raharja.

Baca Juga: Porsenitas X Taun 2023 Dibarengkeun jeung Mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x