Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

- 23 Mei 2023, 10:50 WIB
Galura cetak IV Mei 2023 medar ngeunaan mulangna Mahkota Binokasih Sanghyang Pake ka Tatar Galuh jeung masualkeun titimangsa hari jadi Kabupaten Ciamis.
Galura cetak IV Mei 2023 medar ngeunaan mulangna Mahkota Binokasih Sanghyang Pake ka Tatar Galuh jeung masualkeun titimangsa hari jadi Kabupaten Ciamis. /Nanang S/Galura

GALURA –Head line Galura cetak IV Mei 2023 medar ngeunaan mulangna Mahkota Binokasih Sanghyang Pake ka Tatar Galuh. Ieu mahkota dibawa ti Sumedang pikeun ngeuyeuban Ngarak Pataka nu digelar ku pamarentah Kabupaten Ciamis dina raraga ngareuah-reuah mieling pindahna puseur dayeuh Kabupaten Galuh ti Cineam ka Imbaganara.

Dina Galura cetak IV Mei 2023 diungkab Mahkota Binokasih teu lila di sarakanana, ukur sapoe, Jumaah (12/05/2023), dina Ngarak Pataka di Kawali. Teu cumpon pikeun urang Tatar Galuh nyacapkeun kasono ka ieu makuta. Malah rea nu tacan sempet nepungan. Loba nu nyangka dina unggal Ngarak Pataka di eks kawadanan, Makuta Binokasih dibawa.

Head line Galura cetak IV Mei 2023 oge ngadadarkeun Mahkota Binokasih dijieun ku Prabu Bunisora pakeeun Niskala Wastukancana nalika diistrenan jadi raja Sunda Galuh. Harita puseur dayeuhna di Kawali. Nu matak Mahkota Binokasih teh saenyana mah anu urang Ciamis. Jadi payus dibawa dina Ngarak Pataka teh.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (19) : Supata ka nu Jadi Bapa, Manjang Saturunan

Lebah dieu urang Tatar Galuh henteu masualkeun Mahkota Binokasih jadi koleksi Museum Geusan Ulun Sumedang. Ayana di Sumedang lantaran dipasrahkeun ku raja pamungkas Pajaharan. Mahkota Bunikasih dibawa ka Pajajaran basa Jaya Dewata mindahkeun puseur karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran.

Taun 1578, raja pamungkas Pajajaran, ngajurung opat kandaga lante mawa Mahkota Binokasih ka Sumedanglarang alatan hariwangeun eta mahkota direbut ku Banten. Harita Pakuan Pajajaran keur dirurug ku pasukan gabungan Banten, Cirebon jeung Demak. Dipiharep Sumedanglarang jadi gaganti Pajajaran mun Pajajaran runtag.

Ti taun 1578 Mahkota Binokasih jadi banda Sumedanglarang tepi ka danget ieu. Karek dibawa mulang taun ayeuna, taun 2023, dibawa dina Ngarak Pataka di Kawali. Tapi ngan sapoe dina Ngarak Pataka saterusna Mahkota Binokasih teu dibawa, lantaran gancang diajak balik deui ka Sumedanglarang.

Aya patalina jeung Mahkota Binokasih, rubrik Nyukcruk Galur dina Galura edisi IV Mei 2023 masualkeun pamarentah Kabupaten Ciamis keukeuh mieling hari jadi Kabupaten Ciami tanggal 21 Juni. Padahal tanggal 12 Juni 1642 teh pindahna puseur dayeuh Kabupaten Galuh ti Cineam ka Imbanagara.

Baca Juga: Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

Sobana Harjasaputra, sejarawan nu asalna ti Winduraja Kawali waktu ngawangkong jeung Galura sawatara taun ka tukang nyebutkeun tina segi metodologi sejarah, tanggal 12 Juni 1642 dipake titimangsa hari jadi Kabupaten Ciamis, henteu rasional malah salah, lantaran teu luyu jeung konteksna.

Tanggal 12 Juni 1642, ceuk Sobana, lain fakta ngadegna Kabupaten Galuh. Dina ilmu sejarah, tanggal 12 Juni 1642 ditetepkeun jadi titimangsa milangkala Kabupaten Ciamis teh salah dina verifikasi atawa salah dina interpretasi fakta. Tina kituna, Hari Jadi Kabupaten Ciamis kudu diganti ku tanggal nu luyu jeung konteksna.

Parasejarawan saenyana mah geus lila masualkeun pindahna puseur dayeuh Kabupaten Galuh ti Cineam ka Imbanagara dipake titimangsa hari jadi Kabupaten Ciamis. Ngan pamarentah Kabupaten Ciamis, DPRD Ciamis jeung budayawan Ciamis tepi ka danget ieu tacan ngarasa perlu ngarobah titimangsa hari jadi Kabupaten Ciamis.

Rubrik Nyukcruk Galur masualkeun Kabupaten Ciamis nu mieling hari jadina dumasar pindahna puseur dayeuh Kabupaten Galuh.
Rubrik Nyukcruk Galur masualkeun Kabupaten Ciamis nu mieling hari jadina dumasar pindahna puseur dayeuh Kabupaten Galuh. Galura

Tulisan dina rubrik sejenna: Hajat Laut di Palabuanratu nu ditujukeun keur Nyi Puun Mayangsagara (Warna-warni); Tina Loba Panyangka (Satukangeun Lalangse); Wangunan SMAN 1 Lembang nu kaayaanana pikahariwangeun (Atikan).

Baca Juga: Situs Karangkamulyan Ciamis; Cagar Budaya, Tempat Sakral jeung Objek Wisata

Ka sugri nu hoyong langganan Galura cetak tiasa nepangan perwakilan Pikiran Rakyat (PR) nu aya di kabupaten sareng kota di Jawa Barat. Tiasa oge langsung ka redaksi Galura di Kantor Pikiran Rakyat Jalan Asia Afrika nomer 77 Bandung.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x