Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa di Kota/Kabupaten di Prov. Banten, Jumaah, 30 Ramadan 1444 H/21 April 2023

- 21 April 2023, 00:56 WIB
Masjid Kenari Banten.*
Masjid Kenari Banten.* /Kabar Banten/

GALURA – Pamaréntah geus netepkeun dina hasil isbatna kamari soré, Kemis (20 April 2023), yén Lebaran/Idulfitri téh ninggang dina poé Saptu, 22 April 2023. Poé ieu téh, ceuk itungan pamaréntah, asup poé pamungkas puasa, nyaéta poé ka-30 Ramadan.  

Ieu tangtu béda jeung itungan Muhammadiyah anu netepkeun Lebaran/Idulfitri téh meneran poé ieu pisan, Jumaah 21 April 2023. Muhammadyah ngitung, poé kamari, Kemis 20 April 2023, mangrupa poé pamungkas puasa, nyaéta poé ka-29 Ramadan.     

Najan kitu kumaha urangna, urang yakin nu mana, naha yakin kana vérsi pamaréntah atawa yakin kana itungan Muhammadiyah, éta mah gumantung kayakinan séwang-séwangan. Teu kudu silisalahkeun, teu kudu jadi bahan riributan. 

Pikeun warga Kota/Kabupatén di Provinsi Banten anu Lebaranna poé isuk, ieu jadwal imsakiyah jeung buka puasa poé ieu, poé ka-30 Ramadan 1444 Hijriyah (Jumaah, 21 April 2023).   

Ieu jadwal bisa dijadikeun patokan dina ngalakonan puasa jeung ibadah-ibadah lianna di bulan Ramadan anu pinuh ku barokah.

 

Jadwal Imsakiyah jeung buka puasa pikeun Warga Kota/Kabupatén di Provinsi Banten

(Jumaah, 30 Ramadan 1444 H / 21 April  2023)

 

Kota Serang

Imsak: 04.30

Subuh: 04.40

Zuhur: 11.58

Asar: 15.17

Magrib: 17.56

Isya: 19.05

 

Kota Cilegon

Imsak: 04.30

Subuh: 04.40

Zuhur: 11.58

Asar: 15.17

Magrib: 17.56

Isya: 19.06

 

Kab. Lebak

Imsak: 04.30

Subuh: 04.40

Zuhur: 11.57

Asar: 15.16

Magrib: 17.55

Isya: 19.05

 

Kota Tangerang

Imsak: 04.28

Subuh: 04.38

Zuhur: 11.56

Asar: 15.15

Magrib: 17.54

Isya: 19.03

 

Kota Tangerang Selatan

Imsak: 04.28

Subuh: 04.38

Zuhur: 11.55

Asar: 15.15

Magrib: 17.53

Isya: 19.03

 

Kab. Pandeglang

Imsak: 04.30

Subuh: 04.40

Zuhur: 11.58

Asar: 15.17

Magrib: 17.56

Isya: 19.05

 

Kitu jadwal imsakiyah poé pamungkas puasa, poé ka-30 Ramadan (Jumaah, 21 April) pikeun sakumna masarakat Provinsi Banten, sakumaha nu dicutat tina portal Bimas Islam Kemenag.

Wallahu a’lam bish-shawab.***

Editor: Rosyid E.Abby

Sumber: Bimas Islam Kemenag


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x