MUI Kabupaten Bandung: Beda Poè Lebaran Ulah Jadi Pacèngkadan

- 18 April 2023, 11:16 WIB
Ketua Bidang Komunikasi dan Informasi (Kominfo) Majelis Ulama Indonesua (MUI) Kabupaten Bandung H. Aam Muamar, M. Pd.
Ketua Bidang Komunikasi dan Informasi (Kominfo) Majelis Ulama Indonesua (MUI) Kabupaten Bandung H. Aam Muamar, M. Pd. /

GALURA- Gedè kamungkinan Lebaran di Indonesia taun ayeuna teu sarua. Najan pamarèntah can resmi ngumumkeun, tapi Muhammadiyah geus nangtukeun 1 Syawal 1444 Hijriyah atawa lebaran tèh ninggang dina poè Juma'ah, tanggal 21 April 2023.

Samèmèhna pamarèntah jeung Muhammadiyah geus netepkeun awal puasa Romadhon poè Kemis , 23 Maret 2023 ragem. Ngan, Lebaran diperkirakeun bakal beda antara kaputusan pamarèntah jeung Muhammadiyah.

Ketua Bidang Komunikasi dan Informasi (Kominfo) Majelis Ulama Indonesua (MUI) Kabupaten Bandung H. Aam Muamar, M. Pd. miharep masarakat ku Lebaran nu beda waktuna teu ngalantarakeun pacèngkadan.

Baca Juga: Kasidah Cinta Al Kubra, Gambaran Cinta Zainab ka Allah jeung Rasul-Na

Bedana waktuna Lebaran, ceuk Aam ku lantaran bèda dina metode cara ngitung. Muhammadiyah ngagunakeun metode hisab wujudul hilal ari pamarentah ngagunakaeun rukyat.

"Kamandang simkuring, supados teu bingung masyarkat tiasa naroskeun ka ustadz, sareng tiasa mancegkeun kayakinan. Soal ibadah mulih kana kayakinan masing-masing," ceuk Muamar.

Pusat Sains Antariksa Lembaga Penerbangan dan Antariksa Nasional (LAPAN) Badan Riset dan Inovasi Nasional ( BRIN) nyebutkeun Idul Fitri 2023 ninggang kana poè Saptu, tanggal 22 April 2023.

Muhammadiyah netepkeun 1 Syawal 1444 H ninggang dina poè Juma'ah, 21 April 2023, ari pamerèntah rèk ngalaksanakeun sidang isbat pikeun nangtukeun 1 Syawal sacara nasional engkè digelar Kementerian Agama RI poè Kemis, tanggal 20 April 2023.

Baca Juga: Unpas Mibanda 27 Guru Besar, 15 Prodi Nyangking Akreditas A, Nempatan Posisi Hade di Antara Paguron Luhur

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x