Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum, Miéling Tuladan Ahli Kubur  

- 31 Maret 2023, 06:47 WIB
Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum, Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 30 Maret 2023, ngadu'akeun paraahli kubur karuhun Cihanjuang.*
Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum, Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 30 Maret 2023, ngadu'akeun paraahli kubur karuhun Cihanjuang.* /M. Syihabudin/

"Salaku jalma nu iman, urang yakin sanggeusna maot téh baris aya deui tahap satuluyna sanghareupeun nu perelu bekel sahadé-hadéna," pokna.

Pangajian haol mibanda tujuan utamana nyaéta ngadu'akeun ahli kubur sangkan teu weléh meunang rahmat jeung pangampura Allah, sarta ngalap tuladaneun ti ahli kubur.

Dina Hadits Riwayat Imam Thabrani, Rasulullah ngadawuh: “Maranéhanana nu cerdas téh nyaéta jalma nu pangmindengna éling kana maot, dibarung ihtiar sahadé-hadéna nyanghareupan tahap kahirupan satuluyna."

Baca Juga: Ekskul Literasi jeung Jurnalistik SMK Roudlotul Ulum, Ngokolakeun Mading PENA RU jeung Buletin Sakola

“Ku kituna, urang mangpaatkeun umur kahirupan keur pepelakan kahadéan, sangkan engkéna gé bisa panén kahadéan," ceuk KH Ubaidillah.

Sedengkeun hikmah tina dibacakeunana riwayat hirup (manakiban) nyaéta ngalap tuladaneun paraahli kubur, jasa-jasana ka agama jeung lingkungan masarakat.

“Atawa nu jadi anak bakal terus miémut jasa kolotna, atawa guruna dina nyebarkeun élmu ka muridna," ceuk KH Ubaidillah.

Hikmah séjénna dina Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum téh leuwih ngaronjatna tur paheutna ukhuwah atawa beungkeutan duduluran.

Haol Akbar rengsé pasosoré saméméh meneran waktu adan Magrib. Sakumna jamaah solat Magrib, laju ngararasakeun rupaning idangan buka puasa.***

 Baca Juga: Safari Ramadan AHY ka Roudlotul Ulum, Ketak Santri keur Kamaslahatan Bangsa  

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x