Safari Ramadan AHY ka Roudlotul Ulum, Ketak Santri keur Kamaslahatan Bangsa  

- 31 Maret 2023, 06:58 WIB
Ketua Umum Partai Demokrat, H. Agus Harimurti Yudhoyono (AHY), waktu Safari Ramadan 1444 H di Ponpes Roudlotul Ulum, Kp. Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 30 Maret 2023.*
Ketua Umum Partai Demokrat, H. Agus Harimurti Yudhoyono (AHY), waktu Safari Ramadan 1444 H di Ponpes Roudlotul Ulum, Kp. Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 30 Maret 2023.* /M. Syihabudin/

 

 

GALURA - Safari Ramadan 1444 H Ketua Umum Partai Demokrat, H. Agus Harimurti Yudhoyono (AHY), poé Kemis, 30 Maret 2023, silaturahmi ka Ponpes Roudlotul Ulum.

Anjog sabada Asar ka éta ponpes nu aya di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kac. Parongpong, Kab. Bandung Barat, AHY katut réngréngan dibagéakeun ku KH Ubaidillah AB minangka sesepuh ponpes.

Silaturahmi AHY di éta ponpes diwangun dina wanda ngariung-ngawangkong jeung parasantri, jamaah, warga masarakat, katut ondangan lianna.

Ceuk KH Ubaidillah, kalintang bingahna kadatangan ku AHY di sajeroning Safari Ramadan 1444 H, bulan suci nu dilimpud kabarokahan.

Baca Juga: Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum, Miéling Tuladan Ahli Kubur  

Laju inyana ngadadarkeun, yén pangajaran di Roudlotul Ulum gé nujul kana udagan malar santri engkéna bisa boga ketak dina sakumna widang keur kamaslahatan bangsa.

"Ku kituna dipiharep, santri lulusan Roudlotul Ulum gé bisa jadi aparat pamaréntahan, TNI Polri, usaha dagang, jeung sajabana. Rék naon waé gé ketakna, sing tetep nyantri," pokna.

Sedengkeun AHY mertélakeun, dina sajarah perjoangan bangsa, kalangan santri geus némbongkeun ketakna nu luar biasa enggoning kamaslahatan bangsa.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x