GALURA - Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum téh minangka panggeuing lenyepaneun yén urang saréréa baris ngalaman maot. Ku ayana pangajian haol, dipiharep sakumna insan bakal leuwih hadé deui ihtiar geusan ngama'naan tujuan kahirupan.
Haol Akbar di Ponpes Roudlotul Ulum digelar Kemis, 30 Maret 2023, dihadiran ku santri, jamaah, warga budeureun, sarta ondangan séjénna, nu ti kawit bada lohor geus mimiti jul-jol.
Anapon Ponpes Roudlotul Ulum perenahna di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.
Dina Haol Akbar harita, runtuyan du'a ditujulkeun pikeun KH Muhammad Bisyri, KH Aceng, KH Ondo Boedowi, KH Abdul Aziz, KH Mami Muchtar, Hj. Sa'adah, Hj. Siti Sopiah, Hj. Siti Maryam, sarta parakaruhun kasepuhan Desa Cihanjuang.
Baca Juga: Ponpes Roudlotul Ulum, Lalakon 20 Taun Ihtiar Geusan Ngagumelarkeun SDM nu Mibanda Ahlakul Karimah
Diawalan ku tawasulan, diteruskeun kana tahlilan, istigosah, serta tausiah ti sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum, KH Ubaidillah AB.Ogé aya manakiban macakeun riwayat hirup KH Muhammad Bisyri, ulama moyan Cihanjuang nu wafat taun 1963.
Ceuk KH Ubaidillah, ieu pangajian haol téh mungguh leubeut ku hikmah.
Lian ti ngadu'akeun paraahli kubur, haol gé minangka pangeling kana maot sangkan urang terus ihtiar pikeun nyiapkeun bekel jaga keur di alam ahérat.