Optimalisasi Lahan jeung keur Kedaulatan Pangan, DPC PDI Perjuangan Majalengka Ngabagikeun Bibit Pertanian

- 24 Maret 2023, 09:30 WIB
DPC DPI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu munggaran jagong di lahan kebun rayat, di Blok Nanggerang Kelurahan Simpeureum Kacamatan Cigasong (22/03/2023). Program kebun rakyat teh keur optimalisasi lahan jeung kedaulatan pangan.
DPC DPI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu munggaran jagong di lahan kebun rayat, di Blok Nanggerang Kelurahan Simpeureum Kacamatan Cigasong (22/03/2023). Program kebun rakyat teh keur optimalisasi lahan jeung kedaulatan pangan. /Ayank R Sambara/Galura

Baca Juga: Hadad Alwi Ngahipnotis Warga dina Harlah 1 Abad NU Tingkat Kabupaten Majalengka

Ketahanan Pangan

Di tempat nu misah Fraksi PDIP snu oge Anggota Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka Rinna Sri Isdiyati nyebutkeun ieu kagiatan program ti DPD PDI Perjuangan. Sababaraha bulan ka tukang di kebun rakyat DPC PDI Perjuangan Majalengka babarengan melak bibit tatangkalan.

"Harita diluuhan ku Bapa Bupati Majalengka, H. Karna Sobahi, nu oge Ketua DPC PDI Perjuangan," ceuk Rina. Dipiharep kebun rakyat bisa ngajaga stabilitas ketahanan pangan di kabupaten Majalengka, terutami warga masarakat Majalengka.

Di tempat nu sarua, anggota DPRD Majalengka Fraksi PDI Perjuangan Majalengka, Iman Nurmanyah, ieu teh bagean tina ketahanan pangan di Majalengka.

“Rengrengan ti DPC PDI Perjuangan Majalengka melak bibit pertanian langkung ngutamikeun non padi. Dina mangsa panen dipiharep ngaronjatkeun ketahanan pangan. Ieu bakal janten sumber kakiatan inti dina raraga ngaraharjakeun masarakat Majalengka,” ceuk Iman.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x