Hadad Alwi Ngahipnotis Warga dina Harlah 1 Abad NU Tingkat Kabupaten Majalengka

- 12 Maret 2023, 19:04 WIB
Dina Harlah 1 Abad NU tingkat Kabupaten Majalengkadi Alun-Alun Talaga (11/03/20023)m Haddad Alwi lir ngahipnotis masarakat.
Dina Harlah 1 Abad NU tingkat Kabupaten Majalengkadi Alun-Alun Talaga (11/03/20023)m Haddad Alwi lir ngahipnotis masarakat. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Ngareuah-reuah mieling Hari Lahir 1 Abad Nahdlatul Ulama (Harlah 1 Abad NU) tingkat Kabupaten Majalengka lumangsung gumebyar. Kagiatan nu dipuseurkeun di Alun-alun Talaga teh mintonkeun Haddad Alwi diluuhan ku keluarga besar KBNU Majalengka sarta sakumna tamu sejenna (11/03/2023).

Haddad Alwi lir nu ngahipnotis sakumna warga NU Majalengka nu ngaluuhan Harlah 1 Abad NU. Warga NU Majalengka langsung ngagimbung di sabeudeureun panggung sarta milua ngahaleuangkeun lirik lagu solawat jeung Cinta Rasul.

Lantuan Solawat Ya Rabbi Bil Musthofa, Sholi Wasalimda Daimanda jeung Cinta Rasul nu dihaleuangkeun ku Haddad Alwi nyirep sakumna nu hadir. Salian pintonan gema solawat dina Harlah 1 Abad NU oge dieusi ku kirab merah putih (beureum bodas), panggung rayat, tawasul jeung Majalengka Bermunajat

Baca Juga: Kado Saabad NU:  Tokoh Majalengka Ngarojong KH Abdul Halim Leuwimunding Jadi Pahlawan Nasional

Rawuh dina eta acara Bupati Majalengka H Karna Sobahi, Rais Syuriyah PBNU KH Musthofa Aqil Siroj, Ketua PWNU Jawa Barat, KH Juhadi Muhamad jeung sajabana.

Rais Syuriyah Pengurus Besar Nahdlatul Ulama (PBNU) KH Musthofa Aqil Siroj dina tausyiahna netelakeun, bangsa jeung nagara bisa nanjeur nepi ka kiwari, salasahijina alatan NU nu ngajaga ngariksa tur ngamumule NKRI.

"NU nyandak strategi hijrah. Alhamdulillah, NU nepi ka detik ieu eksistensina masih tetep dirasakeun manpaatna ku sakumna umat," ceuk ieu pengasuh Pondok Pesantren Kempek Cirebon idina tausyiah kagiatan Harlah Saabad NU Majalengka.

KH Musthofa mungkas ceramahna cumeluk ka sakumna warga Nahdliyin, sangkan migawe kahadean ka sing saha wae oge.

Baca Juga: Bakti sosial Sat Samapta Polres Majalengka di Desa Sukamulya nu Katarajang Angin Lilimbungan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x