Tarhib Ramadan 1444 H jeung Pawéy Obor DKM As Salaam, Maheutkeun Silaturahmi Warga

- 24 Maret 2023, 05:17 WIB
Kagiatan tarhib Ramadan ku ngayakeun pawéy obor alpukahna DKM As Salaam di Kompleks Antapani City Mas, Kota Bandung, dina raraga mapag Ramadan 1444 H.*
Kagiatan tarhib Ramadan ku ngayakeun pawéy obor alpukahna DKM As Salaam di Kompleks Antapani City Mas, Kota Bandung, dina raraga mapag Ramadan 1444 H.* /Dok. DKM As Salaam/

Pirang-pirang kagiatan dina ngeusi amaliah salila bulan puasa téh antarana tajil babarengan, tarawéhan barjamaah, tadarusan, ngokolakeun zakat, bazar Ramadan, tug engké halal bihalal.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Éta kagiatan téh dipiharep sing bisa jadi tuladaneun barudak jeung sakumna warga di lingkungan komunitas, copélna di tingkat RT/RW heula enggoning silititipkeun diri.

Réngréngan DKM As Salaam katut pangurus RT/RW terus ihtiar ngawujudkeun lingkungan nu teu weléh kompak sauyunan.

"Lian ti sarana ibadah, masjid gé minangka sarana sosial jeung puseur komunikasi warga. Ku ngajarkeun rupaning kahadéan ka barudak ti anggalna, muga waé jadi kakuatan jaring pengaman sosial sangkan sosobatan maranéhana tetep karawat dibarung siliajénan," ceuk Acep Purqon.***

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa Poé Ka-2 Ramadan 2023 di Provinsi Banten

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x