Tempat Ngabuburit di Ciamis kaler; Taman Surawisesa jeung Situ Wangi

- 24 Maret 2023, 03:50 WIB
Situ Wangi di Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. Salian ti Situ Wangi, di Ciamis kaler nu bisa dipake ngbuburit teh Taman Surawisesa.
Situ Wangi di Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. Salian ti Situ Wangi, di Ciamis kaler nu bisa dipake ngbuburit teh Taman Surawisesa. /Nanang S/Galura

GALURA –Di Ciamis kaler nu cenah mah rek misah ti Kabupaten Ciamis, kiwari henteu hese ku tempat ngabuburit. Aya dua tempat nu geus kajojo dipake ulin nu bulan Ramadhan bisa dipake ngadagoan bedug magrib: Taman Surawisesa jeung Situ Wangi.

Taman Surawisesa pernahna di puseur pamarentah Kecamatan Kawali, di Desa Kawali. Ari Situ Wangi pernahna di Desa Winduraja, masih di Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. Unggal isuk unggal sore di Situ Wangi jeung di Taman Surawisesa sok loba nu arulin. Dina bulan Ramadhan loba nu ngabuburit.

Boh Taman Surawisesa boh Situ Wangi mungguh Kabupaten Ciamis lain ukur tempat ulin jeung ngabuburit, tapi oge ngandung ajen sejarah. Surawisesa teh ngaran karaton nu dibangun ku Prabu Niskala Wastukancana. Ari Situ Wangi aya patalina jeung Prabu Wangi, julukan keur Prabu Linggabuana nu gugur di Bubat, Majapahit.

Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari (65), Di Huma Sabot Reureuh Panggih jeung Patani nu Waweuheun ka Urang Pajajaran

Taman Surawisesa

Di mana pernahna Karaton Surawisesa? Di Astana Gede Kawali, di sisi jajalaneun ka Cikawali aya plang nu nuduhkeun di dinya tempat Karaton Surawisesa. Ngan saenyana mah lain di dinya tapi dina lahan nu ayeuna dipake ku SDN 1 Kawali nu pahareup-hareup jeung Taman Surawisesa.

Astana Gede tadina teh kabuyutan, tempat ngariungna para intelektual keur masamoan, nulis buku jeung mere kamandang ka karajaan. Astana Gede Kawali lain urut karaton. Mun Karaton Surawisesa di Astana Gede Kawali lahanna heureut teuing.

Taman Surawisesa tadina mah lapang maen bal sarta sok dipake pasar malam. Mun dipake pasar malam, di wewengkon Kawali jeung sabudeureunana ngadadak sok hujan, atuh pasar malam teh sok barecek, laledok.

Pamarentah Kabupaten Ciamis ngaropea eta lapang maen bal sarta dijadikeun taman. Ngan hanjakal tamanna teu ngagammbarkeun kaagungan Karaton Surawisesa, kawasna dina nyieunna teu ngaubkeun arsitek husus eksterior, jeung teu ngaubkeun budayawan.

Baca Juga: Tradisi Jaman Baheula di Ciamis, Kuramas di Sungapan Cai Piisukeun Puasa Bulan Ramadhan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x