WANCI tengah poe anjog ka pahumaan nu anyar keneh dipanen. Rareureuh heula. Putri Anjungsari diuk di handapeun saung ranggon nu rada jauh ti sisi jalan sarta ti sisi jalan teu katempo lantaran kahalangan ku tatangkalan. Bena jeung Rait mah dariuk rada anggang ti Putri Anjungsari, bari jeung tetep ariat.
“Olot Kaya jeung Ranah di marana keneh, nya?” ceuk Rait ngamimitian nyarita, sorana halon.
“Bisa jadi geus tepi ka mana,” tembal Bena bari seuri.
“Miheulaan urang?” ceuk Rait deui.
“Enya.”
“Moal meunang balai mah?”
“Ari meunang balai mah moal, kawasna,” tembal Bena bari ngareret Anjungsari nu panonna peureum.
“Kira-kira tepi ka Kawali iraha?”