Situ Wangi
Ari Situ Wangi mah situ alam atawa situ nu geus lila ayana. Lain meunang nyieun anyar-anyar ieu. Anyar keneh direvitalisasi ku Provinsi Jawa Barat sarta jadi destinasi wisata nu matak mincut.
Dingaranan Situ Wangi pedah aya patalina jeung Prabu Linggabuana nu gugur di Bubat Majapahit. Ku raja-raja Nusantaran Prabu Linggabuana meunang jujuluk Prabu Wangi, pedah mertahankeun harga diri Sunda, narah dicacampah ku Majapahit.
Alusna boh di Situ Wangi boh di Taman Surawisesa aya prasasti nu nerangkeun Karaton Surawisesa jeung Situ Wangi, ngarah nu ngabuburit atawa nu ngadon ulin ka dinya apaleun sajarahna.***