Bupati Bandung Dadang Supriatna Sahur Munggaran Ramadan di Hiji Imah Warga Program Rutilahu

- 24 Maret 2023, 05:07 WIB
/Dok. Diskominfo Kab. Bandung/

GALURA - Sahur munggaran Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna di bulan Ramadan 1444 Hijriyah ieu di imah Yuyun - Yuni di lembur Rancawaliwis RT 03/RW 05, Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Kemis (23/3/23).

Dina ieu sahur, Dadang Supriatna dibarengan ku Camat Bojongsoang Bambang Sukmawijaya, jeung Kepala Desa Tegalluar H. Galih Hendrawan.

Ieu sahur bareng téh, ceuk Dadang Supriatna, pikeun ngaronjatkeun silaturahmi dirina jeung masarakat sabudeureun.

Ku  sahur di imah warga nu  merlukeun perhatian, ceuk Bupati, minangka wujud kahadiran pamarèntah di tengah-tengah masarakat, tur pikeun nganyahokeun langsung kahirupan sosial jeung ekonomi masarakat dina ngabagèakeun awal bulan suci Ramadan.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa Poé Ka-2 Ramadan 2023 di Jawa Barat

"Kaleresan, Desa Tegalluar ieu téh mangrupi wewengkon tempat gumelarna sim kuring," ceuk Bupati Dadang Supriatna satutas sahur..

Bupati ngajelaskeun, dirina arang mulang ka padumukanana di Tegalluar sabab loba kagiatan patali mérè pangladén ka masarakat.

"Sim kuring wangsul teu tangtos. Ieu sahur munggaran téh dina raraga nepangan warga, tur ngabantos warga nu meryogikeun," ceuk Dadang Supriatna.

Kabeneran, ceuk Bupati Bandung, imah Yuyun nu asup dina Program Rutilahu, keur dirèngsèkeun prosésna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x