Kodim 0609 Cimahi Panen Raya Jagong, Nguatkeun Katahanan Pangan

- 24 Februari 2023, 14:30 WIB
Dandim 0609 Cimahi, Letkol Inf Hary Novana Andriyas, waktu panen raya jagong di Kampung Cimalik, Cililin, Kab. Bandung Barat, Rebo, 22 Februari 2023.* Poto : Dok. Pendam III/Slw
Dandim 0609 Cimahi, Letkol Inf Hary Novana Andriyas, waktu panen raya jagong di Kampung Cimalik, Cililin, Kab. Bandung Barat, Rebo, 22 Februari 2023.* Poto : Dok. Pendam III/Slw /

GALURA – Kodim 0609 Cimahi panen raya jagong nu dipelak dina lahan bogana TNI.

Hasil melak dina lahan lega 19,5 hektar, Kodim 0609 Cimahi panen raya jagong di Kampung Cimalik, Desa Karanganyar, Kacamatan Cililin, Kabupaten Bandung Barat, Rebo 22 Februari 2023.

Kodim 0609 Cimahi ngamangpaatkeun eta lahan ku cara melak jagong tur ayeuna panen raya teh minangka usaha nguatkeun katahanan pangan.

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Dandim 0609 Cimahi Letkol Inf Hary Novana Andriyas, dina eta kasempetan ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu geus paheuyeuk-heuyeuk ngarojong kagiatan katahanan pangan Kodim 0609 Cimahi kalawan hasil panen raya jagong mucekil.

"Kuring miharep, ieu usaha Kodim 0609 Cimahi copelna bisa ngabantu masarakat pikeun nyumponan pangabutuh bahan pangan, antarana jagong," pokna.

Laju manehna mertelakeun, rukun gawe antara Kodim 0609 Cimahi jeung Pemkab Kabupaten Bandung Barat, katut parapatani teh, kahareupna sing mingkin paheut dina ngarojong program pamarentah ngawujudkeun katahanan pangan.

Baca Juga: Simbol di Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta

Sajeroning kitu, Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Pertanian Kabupaten Bandung Barat, Lukman Hakim, ngeceskeun, pertanian jeung perkebunan minangka komponen strategis nu ngahasilkeun devisa nu kawilang badag.

Anapon program katahanan pangan teh program nu teu weleh digederkeun ku Presiden RI enggoning nyumponan pangabutuh pangan masarakat Indonesia.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x