Warga Anu Titeuleum Di Walungan CI Sanggarung Tacan Kapanggih Laratanna

- 23 Februari 2023, 19:45 WIB
Tim SAR maluruh warga NU titeuleum di walungan CI Sanggarung
Tim SAR maluruh warga NU titeuleum di walungan CI Sanggarung /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Sarka (68) urang Desa Galaherang, Kecamatan Maleber, Kabupaten Kuningan, anu kabejakeun titeuleum di walungan CI Sanggarung, nepika Kiwari tacan kapanggih laratanna.

Salila dua poe ieu, tim SAR maluruh eta warga ti mimiti walungan CI Sanggarung lelewek Desa Galaherang, nepika Bendungan Cikeusik, lelewek Desa Cikeusik Kecamatan Cidahu.

Tim SAR ngawengku TNI, Polri, Damkar, BPBD, Tagana, Aparat desa/kecamatan, jeung masarakat umum.

Baca Juga: Warga Diduga Leungit, di Walungan Ci Sanggarung

Ceuk Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, aya 50 urang anu ngagabung dina tim SAR teh.

"Tim SAR dibagi  dua bagean nyaeta tim SAR air sareng tim SAR darat," Ceuk Indra Bayu

Dina maluruh warga anu titeuleum, tim SAR air, ceuk Bayu, ngagunakeun parahu karet.
.

Baca Juga: Ngamalirna Cai Walungan CI Pedak, Meulit Leuweung Lebah Lamping Buligir


Ceuk Bayu, satuluyna, tim SAR ngagunakeun parahu karet,ngalibetkeun personil Basarnas Korpos Cirebon, LSM Akar, Forum Relawan, masarakat Jeung BPBD.

"Tos tebih, dugika bendungan Cikeusik, mung teu Acan kapendak laratanna" ceuk Indra Bayu.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x