Warga Diduga Leungit, di Walungan Ci Sanggarung

- 22 Februari 2023, 19:20 WIB
Aparat keur neangan warga anu diduga leungit di walungan CI zSamggarunh
Aparat keur neangan warga anu diduga leungit di walungan CI zSamggarunh /DOK DAMKAR/

GALURA.- Sarka (68) warga Desa Galaherang, Kecamatan Maleber, Kabupaten Kuningan, kabejakeun leungit di walungan CI Sanggarung, sabudeureun Dusun Babakan Desa Galaherang, Rebo, (22/2/2023).

Ceuk Caswiti (64), pamajikanna, isuk-isuk Sarka indit ka kebon, mawa dingkul, jeung wadah cai.

Kusabab melang, manehna nyusul ka kebon. Tapi anu disusul suwung. Pihak kulawarga nareangan nepi ka lebah walungan CI Sanggarung.

Kira wanci tabuh 11.00 WIB, aya nu manggihan barang dibawa ku Sarka ti imahna. Ari Sarka taya di eta lokasi.

"Ayeuna tim gabungan nuju milarian keneh warga anu diduga leungit di walungan Cisanggarung, ceuk Kepala BPBD Satpol PP Kuningan, Indra Bayu Permana ***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x