Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya, Dileler Maggot Award

- 23 Februari 2023, 14:06 WIB
Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya, meunang pangleler Maggot Award 2023 nu dipasrahkeun ku Walikota Tasikmalaya, Cheka Virgowansyah/ Dok. Pendam III/Slw
Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya, meunang pangleler Maggot Award 2023 nu dipasrahkeun ku Walikota Tasikmalaya, Cheka Virgowansyah/ Dok. Pendam III/Slw /

GALURA - Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya, dileler Maggot Award.

Pangleler Maggot Award pikeun Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya teh dipasrahkeun dina acara mieling Hari Peduli Sampah Nasional (HPSN) 2023, di Gedung Kesenian Dadaha, Kac. Cihideung, Kota Tasikmalaya, Rebo, 22 Februari 2023.

Ceuk Dandim 0612 Tasikmalaya, Letkol Inf Raden Henra Sukmadjidibrata, Maggot Award diayakeun ku Dinas Lingkungan Hidup Pemkot Tasikmalaya dina raraga mieling Hari Peduli Sampah Nasional 2023.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

Eta pangleler Maggot Award pikeun Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya teh dipasrahkeun langsung ku Walikota Tasikmalaya, Cheka Virgowansyah.

“Serma Sugiharto meunang pangajen Maggot Award minangka pelopor budidaya Maggot BSF di desana, kalawan ngamangpaatkeun runtah organik nu jadi pakan utamana,” pok Letkol Inf Raden Henra Sukmadjidibrata.

Sajeroning kitu, Walikota Tasikmalaya, Cheka Virgowansyah, ngaapresiasi ketak maranehanana nu dileler Maggot Award, antarana Serma Sugiharto.

Baca Juga: Ciamis Lain tina Kecap Cai Hanyir, Tapi Ngaran Tempat nu geus Lila Aya

Karep maranehanana teh kalintang ngabantu pamarentah daerah geusan ngungkulan pasualan runtah.

“Kuring miharep, maranehanana nu nampa pangleler teh sing bisa nepakeun ka warga sabudeureunana enggoning ngamapangpaatkeun runtah organik keur budidaya Maggot BSF minangka bongbolongan atawa jadi alternatif pakan pikeun ingon-ingon,” pokna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x