Legislator Fraksi Golkar Jabar, Ahmad Hidayat, Ngangluh sual Sistem Ngamalirkeun Bantuan ka Kabupaten

- 23 Februari 2023, 08:52 WIB
Anggota Fraksi Golkar DPRD Jabar Ahmad Hidayat ngalaksanakeun reses di Kelurahan Kencana, Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung.*
Anggota Fraksi Golkar DPRD Jabar Ahmad Hidayat ngalaksanakeun reses di Kelurahan Kencana, Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA - Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat ti Fraksi Golkar, Ahmad Hidayat, ngangluh kana pola sistem bantuan aspirasi dewan provinsi ka Kabupaten Bandung, ku liwat dinas.

Ku pola kitu, numutkeun Ahmad, nu  turun ka daerah lokus tèh pasti Dinas Perkimtan atawa PUTR, tur pelaksanana pihak katilu.

Hal ieu tèh ditepikeun ku Ahmad satutas reses di Aula Kelurahan Kencana, Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung, Rebo (22/02/2023).

Ahmad nètèlakeun, ku pola kitu ogè loba kepala desa anu ngangluh, sabab ti mimiti pelaksana nu lain urang lokal, sawatara kepala desa minangka nu boga wilayah ukur kateumbleuhan.

Ku kituna, dina 2023 - 2024 Ahmad rèk narèkah  ngamailrkeun bantuan keuangan keur pangwangunan desa tèh langsung. "Janten ti provinsi langung ka desa. Desa swakelola sareng masarakat," ceuk Ahmad.

Tina kituna téh, nu dipiharep euweuh panghalang  teknis. "Dugi ka pangwangunan leuwih maksimal margi didamelkeunana swakelola ku warga desa," ceuk Ahmad.***

Baca Juga: Ngungkulan Nu Ngaligeuh, Uya Mulyana Ngarojong Pamarentah Nyadiakeun Anggaran Palatihan Gawe

Baca Juga: Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x