Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

- 22 Februari 2023, 14:16 WIB
Anton, muka usaha ngaput di jongkona di Cibaligo, Jalan Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kajurung ku hayang mandiri teu gumantung ka nu sejen.
Anton, muka usaha ngaput di jongkona di Cibaligo, Jalan Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kajurung ku hayang mandiri teu gumantung ka nu sejen. /

GALURA –Boga jiwa mandiri jeung hayang wirausaha, Anton, teureuh Singaparna, Tasikmalaya, muka usaha ngaput, jeung ngarombak pakean jeung calana sanggeus mangtaun-taun milu jeung batur usaha ngaput di tempat sejen.

Sabada ngarasa maher dina ngaput, sarta boga jiwa mandiri Anton gilig moal gumantung ka nu sejen, rek wirausaha. Keur usaha ngaput, nyewa jongko di Cibaligo, Jalan Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Anton ngadongeng tapis ngaput tepi ka  jadi wirausaha, boga usaha ngaput, diajar sorangan (otodidak) kalayan dideudeul ku jiwa mandiri, henteu kungsi milu kursus ngaput. Mimitina nitenan carana ngaput, laju sok diaajak ku lanceukna jeung emangna, diajar usaha kana ngaput.

Baca Juga: Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

Meunang sapuluh taun, 2000-2010, milu gawe jeung lanceukna katut emangna, ngaput di pabrik konveksi di Jakarta. Laju bubuara di Bandung, oge usaha ngaput di tempat-tempat bordiran, butik, jeung konveksi.

“Kungsi dua taun mah dagang awug di bundeureun Tegallega Bandung. Ayeuna, gilig usaha sorangan, muka jongko ngaput di dieu,” ceuk Anton, nu boga anak tilu teh.

Ayeuna Anto dumuk di Cigereleng, Kota Bandung. Jongkona mah nu di Cibaligo-Cihanjuang tea, ukuran kira 3 m x 3 m, meunang nyewa sataunna 12 juta.

Geus meh ampir sataun muka jongko ngaput teh. Dina sapoena rata-rata aya 10 transaksi, boh nu ngarombak boh nu motong, atawa nu ngaput setelan anyar.

Baca Juga: The Dream Team Persib Legend, Noron Dua kali Juara, Juara Perserikatan jeung Juara Ligina I

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x