Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

- 22 Februari 2023, 14:16 WIB
Anton, muka usaha ngaput di jongkona di Cibaligo, Jalan Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kajurung ku hayang mandiri teu gumantung ka nu sejen.
Anton, muka usaha ngaput di jongkona di Cibaligo, Jalan Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kajurung ku hayang mandiri teu gumantung ka nu sejen. /

Ongkosna teh mung motong wungkul mah antara 5 rebu-10 rebu rupia, ngarombak atawa permak kira 20 rebu-30 rebu rupia. Ongkos ngaput baju-calana anyar mah Rp150 rebu. “Ongkosna teu baku, gumantung sikon we,” ceuk Anton.

Di jongkona, aya mesin kaput hiji, jeung mesin obras hiji. Eta teh meunang meuli urut, mesin kaput hargana 1,5 juta rupia, mesin obras hargana 2,5 juta rupia.

Ngeunaan teknik ngaput, Anton ngebrehkeun, dasarna mah apal atawa bisa kana pola atawa model potongan, laju diadumaniskeun jeung ukuran awak.

Ngaput baju mah nu diheulakeunana kaparigel nyieun kerah. Ngaput calana mah kudu tapis heula lagu ngabobok saku calana.

Balanja kaen, bola, pita, seleting, katut bangsaning aksesoris ngaput teh ka Cigondewah.

“Ilaharna marema teh ninggang bulan Puasa atawa samemeh lebaran. Alhamdulillah, dikeureuyeuh we usaha ngaput teh. Hasilna berekah keur ngaresikoan dapur sareng keur mayar sewa jongko,” ceuk Anton. ***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah