Pangajian Rutinan di RMT Daarul Muthmainnah, Ihtiar Ngagumelarkeun Muslimah nu Istiqomah

- 23 Februari 2023, 15:05 WIB
Kagiatan pangajian rutinan di RMT Daarul Muthmainnah di Ponpes Daarul Muthmainnah, Cibaligo, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat/DOK. DAARUL MUTHMAINNAH
Kagiatan pangajian rutinan di RMT Daarul Muthmainnah di Ponpes Daarul Muthmainnah, Cibaligo, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat/DOK. DAARUL MUTHMAINNAH /

 

GALURA – Pangajian rutinan di Rumah Majelis Talim (RMT) Daarul Muthmainnah geus dimimitian ti kawit taun 2008.

Rumah Majelis Talim Daarul Muthmainnah ngagelar eta pangajian rutinan teh hususon keur muslimah.

Kalawan lumangsung di Ponpes Daarul Muthmainnah, Jl. Haji Cibaligo, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, pangajian rutinan diayakeun unggal poe Rebo tabuh 09.00-11.00.

Baca Juga: Serma Sugiharto, Babinsa Koramil 1202 Indihiang Kodim 0612 Tasikmalaya, Dileler Maggot Award

Ketua Yayasan Daarul Muthmainnah, Nunuh Nurjanah, mertelakeun, pangajian rutinan di RMT Daarul Muthmainnah diiluan ku sakumna muslimah ti budeureun Bandung Raya, kaasup nu ti Cimahi.

Meh dina unggal ieu pangajian rutinan dihadiran ku leuwih ti 50 jamaah.

Pangajian rutinan RMT Daarul Muthmainnah boga tujuan enggoning jalan ngawujudkeun insan nu mibanda akidah beresih, ahlak nu mulya, diwewegan kacerdasan, sarta boga jiwa mandiri.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

“Tina ieu pangajian rutinan di RMT Daarul Muthmainnah teh dipiharep gumelar muslimah-muslimah nu istiqomah jeung tanggoh,” pok Nunuh Nurjanah.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah