Dicaram Miang, Caswiti Curiga Basa Semet Nempo Barang Anu Dibawa ku Salakina

- 23 Februari 2023, 21:57 WIB
Caswiti Jeung anakna nu bungsu
Caswiti Jeung anakna nu bungsu /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Caswiti (64), anu kabejakeun salakina titeuleum di walungan Cisanggarung nyaeta Sarka (68), kungsi nyaram salakina sangkan henteu indit ka kebon.

Pangna nyaram kitu  teh, Caswiti apal kaayaan walungan Cisanggarung harita keur motah ku cai umpal-umpalan.

Rek indit ka kebon, puguh kudu meuntas walungan Cisanggarung, da kebonna teh minangka lahan daratan eta walungan, lain sakumaha ilaharna kebon.

Baca Juga: Warga Anu Titeuleum Di Walungan CI Sanggarung Tacan Kapanggih Laratanna

 

"Ceuk abdi teh ulah mangkat bah , paur walungan keur caah. Tapi Abah henteu mirosea," ceuk Caswiti, dareuda.

 

 Caswiti kawas anu boga pirasat teu hade, sanajan manehna dicaram nuturkeun salaki. antukna manehna ge maksa nuturkeun pandeuri.

Baca Juga: Warga Diduga Leungit, di Walungan Ci Sanggarung

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah