“IRAHA?”
“Kateuing, Uing sina ngadagoan di dieu.”
“Teu puguh,” ceuk Bena jeung siga nu rada keuheul.
Bena teu nyarita deui, najan geus maju ka tengah peuting, asa jauh ka pitunduheun teh, bisa jadi pedah tas nginum kopi.
Ongkoh deui pikiranana Bena keur ngacacang ka mamana: mikiran Putri Anjungsari, Olot Kaya, Ranah jeung Rait nu ngadadak paripolahna araraneh, siga anu aya nu dirusiahkeun.
Lian ti eta mikiran kana kajadian nu kasaksianana, kaasup beja aya awewe nu ti teuleum.
Kadenge ti luar sora bueuk. Tadina mah ku Bena diapilainkeun, ku sabab sora bueukna terus-terusan, ku Bena didedengekeun, dibandungan. Bena ujug-ujug cengkat.
Leos ka luar, bebeja ka tukang mah rek leuleumpangan, nyiar pitunduheun. Bena ngadeukeutan ka lebah sora bueuk, ngan sora bueuk teh siga nu ngajauhan.
Ku Bena angger dituturkeun. Jog ka lebah tangkal calingcin, teu jauh ti sisi walungan sarta di dinya kaluar cinyusu. Rada anggang ti darmaga pameuntasan.