Simbol di Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta

- 24 Februari 2023, 11:00 WIB
Tajug Cilodong Kabupaten Purwakarta ngandung simbol nu aya patalina jeung agama Islam.
Tajug Cilodong Kabupaten Purwakarta ngandung simbol nu aya patalina jeung agama Islam. /pikiran-rakyat.com/

 

GALURA -Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta legana 25 meter ka 25 meter, ari komplekna mah legana 10 hektar. Diadegkeun dua lante sarta bisa nampung 4 rebu jamaah, salantena mampung nampung 2 rebu jamaah. Bangunana ngandung simbol, utamana nu aya patalina jeung agama Islam.

Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta mibanda hateup tilu umpak nu kaluhurna nu nyungcung, luyu jeung babasan ka bale nyungcung, siga hateup Masjid Agung Bandung jaman Belanda. Ieu oge ngandung simbol, urang kudu ibdaha ka Pangeran Nu Maha Tunggal, ka Alloh SWT.

Hateup tilu umpak nu dipibanda ku Tajug Gede Cilodong nu diadegkeun ku pamarentah Kabupaten Purwakarta teh ngalambangkeun simbol papagon umat Islam anu kudu diestokeun jeung dijalankeun ku sakumna umat Islam: Rukun Islam, Rukun Iman jeung Ihsan.

Baca Juga: Tajug Gede Cilodong Kabupaten Purwakarta, Masigit nu Ngait kana Budaya Sunda

Soko, tihang Tajug Gede Cilodong anu jumlahna opat ngalambangkeun opat madhab nu loba dianut ku umat Islam di sakuliah dunya kaasup di nagara urang. Mdzhab utama nu dianut ku ahlus sunnah wal jama'ah

Eta mazhab teh: Madzhab Imam Abu Hanifah, Madzhab Imam Malik bin Anas, Madzhab Imam Muhammad bin Idris atawa Imam Syafi'i jeung Madzhab Imam Ahmad bin Ham..

Di jero masjid, dihiasan ku pilar-pilar nu ukiranana has Sunda. Jandelana ogé tanpa kaca, ieu nu nyirikeun has tina arsitektur Sunda nu diterapkeun di masigit. Dihiasan saniskara ukiran khas Jawa Barat.

Bahanna ogé tina kai jati pilihan nu didatangkeun ti Cirebon. Pangna kainna ti Cirebon ku lantaran agama Islam di tatar Sunda mimiti sumebar di wewengkon kaler Jawa Barat.

Baca Juga: Putri Anjungsari (37), Bena bari Demit Dibawa ku Imah nu Nyingkur, Beunang Beja Putri Anjungsari Tikelebuh

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah