Kleub Futsal SAQ Nur Madani FC, Ngawadahan tur Ngamekarkeun Bakat Olahraga Futsal

- 22 Februari 2023, 15:10 WIB
Kleub Futsal SAQ Nur Madani FC, basa latih tanding-turnamen di Ciwaruga, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Saptu, 18 Februari 2023/ RAMELI AGAM
Kleub Futsal SAQ Nur Madani FC, basa latih tanding-turnamen di Ciwaruga, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Saptu, 18 Februari 2023/ RAMELI AGAM /

 

GALURA – Kleub Futsal Sekolah Alam Quran (SAQ) Nur Madani ngadeg kalawan didasaran pikeun ngawadahan tur ngamekarkeun bakat siswa kana olahraga futsal.

Nyangking ngaran resmi SAQ Nur Madani FC, ieu kleub futsal teh ngadeg taun 2022.

Tetela di SAQ Nur Madani teh loba siswa nu mikaresep sarta boga bakat kana olahraga futsal.

Baca Juga: Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

Sakola SAQ Nur Madani ayana di Kampung Tutugan, Desa Cihanjuang Rahayu, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Lian ti matak sehat kana awak, kleub futsal nu diiluan ku siswa SAQ Nur Madani ge geusan numuwuhkeun sikep jiwa nu kuat, tur ngabiasakeun rukun gawe.

Sakilas mah futsal teh meh siga maenbal, kaasup dina teknik-teknik dasarna saperti najong bal, nahan bal, ngoper, jeung nu lianna.

Baca Juga: Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

Bedana mah dina ukuran lapangan. Lapangan futsal leuwih leutik batan lapangan maenbal.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah