Rakor Ngarengsekeun Pasualan HGU PT PG Rajawali II, Ngarah Patani Raharja

- 28 Januari 2023, 13:00 WIB
Rakor (Rapat Koordinasi) jeung Sinkronisasi Penyelesaian Permasalahan HGU PT PG Rajawali II di rohangan rapat Sekda Kabupaten Indramayu Komplek Pemerintahan Daerah Kabupaten Indramayu, Kemis (26/01/2023).
Rakor (Rapat Koordinasi) jeung Sinkronisasi Penyelesaian Permasalahan HGU PT PG Rajawali II di rohangan rapat Sekda Kabupaten Indramayu Komplek Pemerintahan Daerah Kabupaten Indramayu, Kemis (26/01/2023). /

GALURA -Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ngaluuhan pangogan Rakor (Rapat Koordinasi) jeung Sinkronisasi Penyelesaian Permasalahan HGU PT PG Rajawali II di rohangan rapat Sekda Kabupaten Indramayu Komplek Pemerintahan Daerah Kabupaten Indramayu, Kemis (26/01/2023).

Rakor udaganana ngarengsekeun pasualan dipulangkeunana deui lahan HGU PT PG Rajawali II nu dipolah ku masarakat di Indramayu.

Rakor dipingpin Deputi Bidang Koordinasi Politik Dalam Negeri Mayjen TNI Djaka Budhi Utama dibarengan ku Asisten Deputi Bidang Koordinasi Politik Dalam Negeri Syamsuddin.

Baca Juga: Bohong Culik di Kuningan, Dhany : Masyarakat Ulah Waka Percaya Beja Nu Tacan Tangtu

Anu oge ngaluuhan rakor: Danrem 063/SGJ Kolonel Inf Dany Rakca Andalsawan, Bupati Indramayu diwakilan Sekda Kabupaten Indramayu Rinto Waluyo, Asda 1 Indramayu Jajang Sudrajat, Kepala Kejaksaan Negeri Indramayu Ajie Prasetya.

Lian ti eta, Kepala BPN Indramayu Gunung Jayalaksana, Dandim 0616/Indramayu Letkol Arm. Andang Radianto, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Danang Biantoro, Kapolres Indramayu AKBP M. Fakhri Siregar.

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, GM PT PG Rajawali II Jatitujuh M. Wisri Mustofa, Kabag SDM & Umum Eko Budi Setyawan, sarta sakumna tamu ondangan lianna.

Baca Juga: Runtah Ngunung-ngunung, Kepala Pasar Baleendah: Lolobana Pamiceunan ti Luar

Rakor dimimitian ku sambutan pingpinan Rakor, dituluykeun sambutan Muspika, nu ngadadarkeun lahan HGU nu dikuasakan sarta dimanpaatkeun ku pihak urang luar nu lain patani.

Deputi Bidang Koordinasi Politik Dalam Negeri Mayjen TNI, Djaka Budhi Utama netelakeun keur ngarsekeunana sakumna pihak kudu daek koordinasi jeung komunikasi.

“Dina hal ieu, ulah keresa diadudomba, hayu urang ngemut kalayan sadar supados karaharjaan patani desa penyangga ngaronjat, " pokna.

Pemda Kabupaten Indramayu jeung Kabupaten Majalengka katut PT RNI PG Jatitujuh koordinasi sarta komunikasi pikeun ngatur kelompok patani nu bakal ngolah lahan HGU.

Udaganana sangkan kahareupna dipiharep teu aya konflik deui. Tangtuna oge sakumna patani di desa penyangga raharja.*** 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x