Kepala Disnakan Kabupaten Ciamis, Ngurus Ingon-Ingon Ngurus Lauk jeung Ngurus Umat

- 26 Januari 2023, 12:00 WIB
Kepala Dinakan Kabuppaten H. Syarief  dina Musyawarah Daerah (Musda) DMI Kabupaten Ciamis, 22 November 2022, dipilih jadi Ketua DMI Kabupaten Ciamis periode 2022-2027, tugasna ngurus ingon-ingon, lauk jeung ngurus umat.
Kepala Dinakan Kabuppaten H. Syarief dina Musyawarah Daerah (Musda) DMI Kabupaten Ciamis, 22 November 2022, dipilih jadi Ketua DMI Kabupaten Ciamis periode 2022-2027, tugasna ngurus ingon-ingon, lauk jeung ngurus umat. /

GALURA -Ketua Dewan Masjid Indonesia (DMI) Kabupaten Ciamis nu dilantik Rebo (25/01/2023) teh H. Syarief Nurhidayat. Nyangking kalungguhan Kepala Dinas Peternakan dan Perikanan (Disnakan) Kabupaten Ciamis.

H. Syarief dina Musyawarah Daerah (Musda) DMI Kabupaten Ciamis, 22 November 2022, dipilih jadi Ketua DMI Kabupaten Ciamis periode 2022-2027.

Samemeh dilantik, H. Syarief jeung pangurus sejenna ta’aruf di antara pangurus jeung pingpinan DMI kecamatan sa-Kabupaten Ciamis keur konsolidasi.

Baca Juga: Magrib Mengaji Shalat Berjamaah Solusina, Bupati Ciamis: Masjid Agreng, tapi nu Solat Barjamaah Corengcang

H. Syarief mertelakeun masjid teh puseur dawah jeung atikan umat. Masjid oge tempat umat keur neuleuman agama Islam.

“Masjid ngadeudeul pisan dina ngawangun SDM unggul, nu karakter jeung ahlakna mulya,” pokna.

Ceuk H.Syarief DMI Kabupaten Ciamis bakal satekah polah neruskeun program-program nu geus dilaksanakeun ku pangurus DMI samemehna sarta narekahan keur leuwih ngamamurkeun jeung dimamurkeun masjid.

Masjid kudu bisa nguatkeun ekonomi umat. “Masjid kudu bener-bener ngabentuk masarakat nu Muttamaddin, tanggoh dina ekonomi,” ceuk H.Syarief.

Baca Juga: Dewan Pendidikan Dikukuhkeun, Dadang Miharep Mutu Atikan di Kabupaten Bandung Ngaronjat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x