Sabada Calon Sejenna Walkout, Dena sacara Aklamasi Dipilih Jadi Ketua Kadin Kabupaten Majalengka

1 Juni 2023, 13:30 WIB
Dina Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka (31/05/223) Dena sacara Aklamasi Dipilih Jadi Ketua Kadin Kabupaten Majalengka. /Ayank/Galura

GALURA - Dena Muhammad Ramdhan dibarengan rengrengan pangurus Kamar Dagang dan Industri (Kadin) Jawa Barat ngelebetkeun Pataka Kadin sarengsena ditetepkeun jeung diistrenan jadi Ketua Kadin Majalengka dina Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka.

Sanggeus kurang leuwih 2 taun vacum di kapangurusan, Kadin Kabupaten Majalengka ngagelar Musyawarah Kabupaten  VI (Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka), di Hotel Horson Ultima Kertajati Majalengka (31/01/2023). Dina ieu Muskab, Dena Muhammad Ramdhan dipilih jadi ketua Kadin Majalengka.

Dena Muhamad Ramdhan Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka kapilih sacara aklamasi sabada calon sejenna, Muhammad Afzal  walkout saacan pemilihan dimimitian.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Awalna aya dua calon Ketua Kadin Majalengka teh Dena Muhamad Ramdhan jeung Muhamad Afzal. Waktu Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka rek sidang pleno katilu, saacan  sidang dibuka, Afzal katut kolehna kurang leuwh 10 urang ninggalkeun rohang sidang.

Walkout Afzal kapecut ku salah sahiji pamilon Aceng Sunanto nu nganggap  Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka teu sajalan jeung AD/ART Organisasi.

Aceng nyebutkeun   Muskab  VI  teu dumasar kana  AD/ART, ukur dumasar Peraturan Organisasi (PO) 053, padahal ceuk Aceng, AD/ART teh aturan nu kudu  diestokeun jeung kudu jadi padoman.

Ku sabab salahsaurang calon walkout ahirna pingpinan sidang Pemilihan Ketua Kadin  Kabupaten Majalengka, H. Rudi Rakian katut pamilon sidang, netepkeun pemilihan dilaksankeun sacara aklamasi.

Baca Juga: Mukab Vl Kadin Kabupaten Majalengka, Wabup: Pemda Ngarojong Anggota Kadin sangkan Motekar

Ngeunaan walkout salasaurang  kandidat  Ketua Kadin Kabupaten Majalengka, penjabat Caretaker Kadin Majalengka, Agus Vikram nyebutkeun Muskab VI legal jeung sah sacara hukum.

Salasahiji aturan muskab dina kondisi kapangurusan saheulanman (caretaker) nu dicekelna PO 053. “Ku naon  panitia nyekel PO 053, margi dina Kepres 18 taun 2022 ngeunaan AD/ART teu ngatur muskab dina kondisi caretaker. Hiji-hijina aturan ngeunaan muskab dina  kondisi caretaker nyeta PO 053. Dina hal ieu muskab ieu sacara hukum legal tur sah sacara hukum,” ceuk Agus.

Jumlah pamilon sidang nu boga hak pikeun milih lobana 200 urang sarta nu masih aya di jero rohang sidang leuwih ti  tilu parapat pamilon, ku kituna persidangan bisa dituluykeun.

Sarengse kapilih sacara aklamasi, harita keneh Dena Muhammad Ramdhan langsung ditetepkeun tur diistrenan jadi Ketua Kadin Kabupaten Majalengka. Tangtuna wae sakaligus jadi Ketua Tim Formatur nu bakal nyusun kapangurusan Kadin Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (24): Nu Karugrugan Madu Karagragan Menyan Bodas

Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka dijaga aparat kapulisian nu dipingpin langsung ku Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto. Jumlah personil ti Dalmas nu diturunkeun 70 personil dibantu ku TNI.

Muskab VI Kadin Kabupaten Majalengka ditutup jam 21.00 WIB, sarengsena Dena Muhammad Ramdhan ditetepkan tur diistrenan ku Ketua Kadin Jawa Barat Drs.H. Cucu Sutara.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler